Sunday, September 6, 2009

SALAKANAGARA DAN ARGYRE


Salakanagara nyaéta hiji karajaan nu disebutkeun dina Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara karya Panitia Wangsakerta salaku karajaan pangkolotna di Nusantara (130-358 M). Karajaan ieu diwangun di Basisir Teluk Lada (wewengkon Kabupatén Pandéglang, Banten. Raja munggarannana nyaéta Déwawarman nu gelarna Prabu Darmalokapala Déwawarman Haji Rakja Gpura Sagara nu maréntah nepi ka 168 M. Dumasar sumberna, carita ngeunaan karajaan ieu masih kontrovérsial.
Términologi

Salakanagara (atawa Rajatapura) asalna tina kecap salaka jeung nagara. Salaka hartina pérak sedengkeun nagara hartina kota. Ku kituna, Salakanagara bisa dihartikeun kota pérak. Ayana kota pérak ieu, disebutkeun ogé Argyre ku Ptolemeus taun 150 M. Lokasi karajaan diperkirakeun aya di Teluk Lada kiwari, di kota Pandéglang, hiji kota nu kawentar ku karajinan logamna. (Pandéglang sorangan hartina pandé geulang). Sababaraha urang merkirakeun ngaran Salakanagara aya patalina jeung lokasi di sabudeureun Gunung Salak.

Sajarah Salakanagara

Dina sajarah urang Sunda, kota pérak ieu saméméhna diparéntah ku Aki Tirem Sang Aki Luhur Mulya atawa Aki Tirem, numana kota ieu ngaranna Pulasari. Aki Tirem nikahkeun putra istrina nu namina Pohaci Larasati ka Déwawarman. Déwawarman nyaéta Pangeran nu asalna ti Palawa di India kidul.

Dina sajarah urang Batawi aya oge carita ngeunaan karajaan Salaknagara tapi rada beda lokasina. Numutkeun babad Batawi mah kota perak ieu henteu di basisir tapi deukeut gunung, nyaeta Gunung Salak.

Silsilah

* Déwawarman I (130 - 168 M)
* Déwawarman II (putra Dewarman I jeung Pohaci Larasati)
* Déwawarman III
* Déwawarman IV
* Déwawarman V
* Déwawarman VI
* Déwawarman VII
* Déwawarman VIII (348 - 363 M)

Wewengkon

Daérah kakawasaan karajaan ieu ngawengku sakabeh basisir selat Sunda, nyaeta basisir Pandeglang, Banten di beh wetan, nepi ka Agrabintapura (Gunung Padang, Cianjur), oge pulo-pulo di selat Sunda saperti Krakatau atawa Apuynusa (pulo seuneu) jeung nepi ka basisir kidul Swarnabumi (pulo Sumatera).

Warta

Aya dugaan yen kota Argyre nu kapanggih ku Claudius Ptolemeus taun 150 M nyaeta kota Perak atawa Salaknagara ieu. Dina warta Cinten ti dinasti Han, aya catetan rehna raja Tiao-Pien (Tiao=Dewa, Pien=Warman) ti karajaan Yehtiao atawa Jawa, ngirim utusan/duta ka Cina taun 132 M.

Cikal bakal Tarumanagara

Raja pamungkas karajaan ieu nyaéta Déwawarman VIII nu gelarna Prabu Darmawirya Dewawarman (348-363 M) nu tuluy masrahkeun kakawasaan ka minantuna nyaéta Jaya Singawarman. Jaya Singawarman tuluy ngarobah ngaran karajaan jadi Tarumanagara sarta mindahkeun ibukotana ka beulah wétan deukeuteun Bekasi kiwari sedengkeun Karajaan Salaknagara sorangan statusna jadi karajaan bawahan.

Jaya Singawarman sabenerna mah Maharesi nu asalna ti Salankayana di India, nu ngungsi ka Nusantara alatan nagarana ditalukkeun ku Maharaja Samudragupta ti Karajaan Magada di India.

Rujukan

* Ayatrohaédi. 2005. Sundakala: cuplikan sejarah Sunda berdasarkan naskah-naskah "Panitia Wangsakerta" Cirebon. Pustaka Jaya, Jakarta. ISBN 9794193305



2 comments:

Yoyoyogasmana said...

asana aya nu kirang lengkep kang, nyuhunkeun ditambihan deui sasakala na, diantos digunung kidul.

Ausrkzz

Kisunda Ngalalana said...

hehehe numawi ieu teh masih keneh pak pik pek

Post a Comment