Thursday, November 5, 2009

SULANJANA


Sulanjana anu kahatur
Lagu titisan anu bihari...2X
Warisan anu baheula
Mugi mugi kersa nampi
Lumayan kanggo panghudang
Usikeun ati nurani

Ulah jongjon kapidangdung
Da mulih ka asal tadi
Da ka asal tadi
Geura nyoreang katukang
Ngalirik katempat lahir
Piraku heunteu tibelat
Kabali geusan ngajadi

Tuh itu lembur nu singkur
Tempat pangancikan kuring.....2X
Ku indung di dama dama
bapa anu ngaping ngajaring
Barina dihariringan
Ku haleuang sunda kuring

Sulanjana nu kahatur
Lagu titisan nu bihari....2X
Warisan anu tiheula
Mugi mugi kersa nampi




Source: Sanggar Seni LIMA'S www.datasunda.org
Kumpulan tembang Sunda Cianjuran
Dra.Elis Suryani-Yat yuhaeti-Bandung 1986

No comments:

Post a Comment