Sunday, August 14, 2011

Ronggeng Tujuh Kala Sirna


Pun !

Sapun !

Ka pupunclak Agung Pamunjung,

Anu Agung Sang Rumuhun,

Hiyang Guru Agung Pangruhum,

Anu Nunggal di Kalanggengan,

Anu Langgeng dina Nunggalna,

Anu ngabogaan sakabéh jagat,

Anu ngabogaan sakabéh alam ….. !

P a r a l u n !

Sapun,

ka sakur anu di ruhur,

ka Guru Hiyang Nunggal,

ka Déwa nyangking kawening,

ka Déwa ngagem Wewenang,

ka Déwa nunggal Kawasa,

ka sakabéh nu araya di Kahiyangan !

Sapun,

ka sakabéh anu di handap,

ka Batara ka Batari,

ka Resi eujeung Pandita,

ka sakabéh

nu kumelip nu arusik,

nu ngawaruga, dina wujud séwang-séwangan

nu ngagelarkeun, nu ngarumpay

nu rarangtung, nu ngagantung

nu ngagulung, nu narangkub,

nu nangkarak, nu ngarembat,

ka sakabéh,

nu kadeuleu teu karasa,

nu kaambeu teu kadeuleu,

teu kadeuleu tapi aya……,

ka sakabéh

nu garedag, nu lumampah,

harirup jadi pangeusi

nyaricingan jagat alam ieu !

p a r a l u n !

sabab,

kaula eudeuk nyatur,

catur pantun anu buhun,

haneuleum tunda karuhun

hanjuaneun anu marapay ….. !

P a r a l u n !

Mantakna kaula nyatur ?

sabab,

Pajajaran dijieun carita,

tapi disilok ku nu sarieun

dipajarkeun mumuja déwa,

jeung diréka dirarobah

dijarieun dijieun-jieun

ku ariyana anu gariruk ……..

jeung ku sabab kaula mah kaula nyaho

(2)

engké jaga,

baris datang deui jaman

loba ménak loba pangkat

harayang nyaho deui

rawayan ariyana ti Pajajaran !

P a r a l u n !

Ayeuna mah, ulah macul di bukbakkeuneun, ulah ngaseuk di rarahanneun, tapi urang pénta ka nu bogana, urang téang di lebahna!

Urang mimitian, urang taram ku nyaturkeun nurutkeun galur tina béja, nu katampa ku anu boga carita …… !

Ceueueueueueunnnnnnaaaaaah !

Harita tangéh kénéh tina waktu nu bakal cunduk, anggang kénéh tina mangsa nu baris kasorang, wayahna Pajajaran ngadeg deui, anggeus ganti alam pindah jaman !

Urang caturkeun ,

Sang Déwa Hiyang KALA keur ngaronda jagat !

Kadeuleu ku inyana, jelema-jelema anu dibendon, dimudukeun jieun Mandala Meneng, di buritna bakal kamalinaan ! Jeung kadeuleu ku inyana tina béntang ngagéndéng bulan ! Baris datang wayah teu beunang disingkah, baris Pajajaran nyérénkeun papan !

Jeung kadeuleu kila-kila, méméh buah asak ti tangkal, baris aya Lawang panyaweuyan nyilakakeun sakur anu miasih ka anu leungit, sakur anu narineung ka jaman ka tukang !

Amun Mandala Meneng dijieun anggeus dina peta kamalinaan, éta téh tanda anu teges, jelema-jelema anu dibendon, baris :

harayang sakti leuwih ti Resi

harayang jaya liwat ti Déwa

harayang pangkawasana di jagatna

harayang pangagungna di jamanna ……

laju,

maraksa alam nurut karep ariyana ….

Laju Sang Déwa Hiyang Kala nyalukan tujuh putri Bidadari,

anu cikal, ngaranna Nyai Putri Maya Indung

anu sadekna, ngaranna Nyai Putri, Maya Kayangan

anu katilu, ngaranna Nyai Putri, Arum Sinayungan

anu panengah, ngaranna Nyai Putri, Mayang Mangarang

anu kalima, ngaranna Nyai Putri, Mayang Mangsaweuhan

anu pangais bungsu, ngaranna Nyai Putri, Arum Tineung

anu bungsu, ngaranna Nyai Putri, Arum Wiyaga.

Ceuk Sang Déwa Hiyang Kala :”Jaba si Nyai anu bungsu, dia anu genepan mudu ngalalana babarengan. Dia ti Kahiyangan mah, miang bareng satujuan. Tarurun dia di jagat KAWAH HIYANG anu kiwari disarebut jagat kamanusaan ! Di éta jagat, alam bakal dijarieun kusut!

Ulah sina kajadian !

Maya Indung, dia mudu ngagoda anu banjaran dina kajayaan, tapi jaya nyangsara somah, Maya Kayangan, dia mudu ngagoda anu jaradi Pandita, tapi mahiwal tina kapanditaan, Arum Sinayungan, goda ku dia anu raruhur pangkat, tapi ngaleuleuwihan kakawasaan, Mayang Mangarang, goda ku dia anu tarani, Salajengna

(3)

Mayang Mangsaweuhan, dia kabagénan ngagoda anu bareunghar hanteu sawajar. Arum Tineung, dia mudu ngagoda sakabéh lalaki anu salingkuh jeung nganyenyeri éwéna baé !

Nyai bungsu Arum Wiyaga ! Dia ogé turun ka Kawah Hiyang. Turun dia di Pajajaran tengah beulah kidul. Siar ku dia, Dadap Malang teu jauh ti muhara Ci Mandiri ! Siar ku dia, Sumur Haur Pamunyungan, laju dia wayahna mudu dia ngawaruga jadi manusa dina lalakon anu mudu disorang ! Gawé dia sakabéh mudu dilampahkeun dina wayah séwang-séwangna, dina mangsa anu ditangtukeunnana ku jaman ti Kawah Hiyang ! Ulah dia ngitung ku wayah di kahiyangan, sabab di saban alam di saban jagat wayah téh béda-béda !

Nu diurang disebut sapoé, di jagat séjén mah bisa sawarsa. Béda jagat, béda deui alamna, béda deui ngitungna wayah !

Di Kawah Hiyang, wayah diitung ku poé, anu lilana dipatok ku bijilna matapoé nepi ka surupna. Ari mangsa ? Mangsa di Kawah Hiyang ? diitungna tina lobana kali témbong bulan nyorotna buleud !

Beusi dia kérok di ngitung wayah, di Kawah Hiyang, ku dia kabéhan tepungan Aki LéNGSéR anu ayana di Gunung Gorowong!

Béjakeun ka inyana, dia dijurung éyang, mudu ngalalanana jaradi ronggéng dina ngaran RONGGéNG TUJUH KALA SIRNA!

Jig ! Geura narindak !”

Ceuk nyi putri Arum Wijaga : “éYang ! Naeun gawé kaula engké?”

Ceuk Sang Déwa Hiyang Kala : ”Ti Gunung Gorowong, dia mah mudu misah, sabab di bagian Kawah Hiyang anu disebut Pajajaran Tengah, baris aya loba jelema nyarukcruk galur karuhun, marapay lacak Pajajaran. Tapi nyarukcrukna sabari ngalamun, marapayna sabari ngaruksak ! Dijieun sina salasar ! Sasarkeun dina kasmaran, lieurkeun dina katineung !

r

Kacaturkeun Putri Bidadari anu tujuh laju darangdan …..

T u n d a : Keun sina darangdan !

Urang mah, urang turun ti Kahiyangan ka Kawah Hiyang

Urang kocapkeun si Aki Léngsér ! Anggeus balad Pajajaran misah opat, anggeus Raja Pajajaran lajuna ngahiyang …. Si Léngsér mah hanteu puguh hanjigna !

geus ka kalér, geus ka kulon, geus ka wétan, geus ka kidul, geus ka wétan deui, geus ka kalér deui, geus ka kidul deui, geus ka kuralang-kuriling teu puguh ingkig …. !

(4)

Lajuna mah inyana boseneun !

Ceuk pikir inyana : “Nanggoan wayah sabari beunta mah osok kesel ku kebelna ! …. Angguuuuuur sabari molor !”

Kacaturkeun Si Léngsér, di hiji gunung anu singkur, inyana neuleu aya sodong karimbunan dina gawir anu lungkawing !

Sodongna nyelap, aya dina lebahan ka ruhur puguh ku jauh, ti handap ka anggang jasa, lain turunanneun mun ti ruhur, lain taékanneun mun ti handap … sabab gawirna, nanjeur dina jungkrang anu nanggreu ! Si Léngsér deui asup kana sodong ! Mimiti, ti ruhur ngasupannana. Tujuh kali inyana turun, dalapan kali sodongna kaliwatan baé ! Laju dicoba sugan ti handap ! Sapuluh kali inyana naék, salikur kali nyasab deui, nyasab deui, sodongna hanteu kapanggih. Da dina nyurungkuy unggah ka ruhur, gancang teuing ngahanjutna ! Nya karuhan sodongna kaliwatan ogé ! Panasaran sugan sakali deui, ngahanjutna sugan mudu gancang jasa kaliwat saking ! Inyana ngahanjut … melesat nyemprung ka ruhur… hulu inyana ngadagor karang, ngaliwatan tegal ganjah, alagag-euleugeug di awang-awang. Laju turun deui, laju unggah deui ….

Sakalieueueueun eudeuk asup, asupna deuk keuna liang anu sereg, laju unggah deui, laju turun deui …. lalaunnan sabari cacapa ku rasa….. barang karasa lebah-lebahna, inyana eudeuk asup tuturubun, nya …. nyolédat deui baé … labas nepi ka handap !

Lajuna mah Si Léngsér eudeuk weeeeléh !

Da atuh mémang Si Léngsér, amun sagala maké karep maké seja, tara hiji anu jadi !

Pikir Si Léngsér : “Ayeuna mah, eudeuk asup atuh henseug, deuk teu asup nya helos teuing !

Da Molor téh, hanteu teuin mudu sabari ngagolér! Geuning kalong ogé, molorna sabari ngagantung !” Laju inyana naék deui, laju turun deui. Turunna lalaunan bari cacapa deui ku rasa! Barang ku panyapa rasa inyana karasa kira-kira pilebaheun lawang sodong, reg inyana ngarandeg… dirarasakeun heula beusi salah palebahna. Ari geus rasa inyana bener palebahan, laju sataker tanaga hulu heula ditetegkeun ka sela lamping anu narawing …. lawang sodong mani ngabéréwék….. Blus, Si Léngsér … hulu inyana heula anu nyeplos, laju Si Léngsér sakabéhna ngagulusur terus ka jero……

Eureun-eureun ngagulusur sotéh, anggeus hulu inyana ngadagor batu monyong anu aya di tungtung sodong …… Anggeus mundar-mandir sababaraha kali, laju inyana ngareuhak …..laju ngagéléhé lalaunan … ngahéphép di jero sodong …. inyana kérék mani nyégrék, ambekannana mani ngagulugur …. mani eundeur sagunung Gorowong. Saban segrék tina kérék, saban eundeur ku gulugur nu bijil ti sungut Si Léngsér nu calangap, sodong téh ngalegaan ngarubakan …..

T u n d a :

Keun sina héés sabari kérék !

Urang mah, urang unggah deui ka Kahiyangan

r

Kacaturkeun : Putri Bidadari anu tujuh eudeuk turun ti Kahiyangan !

Ceuk Nyi Putri Mayang Mangarang : “Tétéh Maya Indung ! Urang téh eudeuk miang? Eudeuk turun ka Gunung Gorowong?”

(5)

Ceuk Nyi Putri Maya Indung : “Heueuh, Adi ! Ku Naeun ? Adi sieun kituh, lalampahan sakitu jauhna ?”

Ceuk Nyi Putri Mayang Mangarang : “Hanteu, Tétéh ! Lain sieun ! Tapi di lebah mana Kawah Hiyang téh ayana ? Di lebah manana ari Gunung Gorowong. Jeung kumaha di rupana anu disebut Aki Léngsér?”

Ceuk Nyi Putri Arum Tineung : “Tétéh Heu-euh, ja heu-euh! Kumaha amun nyalahan? Tétéh wauh tah di rupana Aki Léngsér?”

Ceuk Nyi Putri Maya Indung : “Hanteu, Adi ! Tapi engké di Pajajaran Tengah, urang tatanya baé !”

Ceuk Nyi Putri Mayang Mangsaweuhan : “Tétéh ! Kula mah salempang! Beusi disilokkeun ! Mangkaning urang téh awéwé kabéh ! Kumaha anu anu ditanyana, jelema anu julig haté? Laju urang téh meureun dijual???!!!”

Ceuk Nyi Putri pangbungsuna : “Tétéh ! Hadé-hadé kituh, amun urang nanyakeun heula di dieu ? Sugan, Nini Sarutia mah teu bireukeun ?”

Ceuk Putri-putri nu séjénna : “ Heu-euh, Tétéh ! Urang nanyakeun heula baéééé !” Laju putri anu tujuh ngajarugjug ka Paséban Baléruna. Kasampak Nini Sarutia keur haliwu dina jantra, pakeupis muterkeun kincir, bari sakeudeung-sakeudeung ngalilit gintir … mani béléké pisan congcot eukeur sesembah !

Jeung bari dina émokna, sakeudeung-sakeudeung osok ngajrét sabari muringis … da éta … kapas pilawéeun anu ambalayah di lahunan kapeung-kapeung dina mutirna keuna gintir, ngarampid huwis nu ngajebug ronghok ti sisi samping …… !

Ceuk Nyi Putri Maya Indung : “Sampuuuura isun, Nini. Kula deuk ngabarabékeun !”

Ceuk Nini Sarutia : “Rampés nu gareulis, naeun anu diseja dia?”

Ceuk Nyi Putri Maya Indung : “Nini ! Kaula sadulur ku éyang Sang Hiyang Kala dijurung nepungan Aki Léngsér ! Sugan dia weruh di kumaha rupa inyana?”

Ceuk Nini Sarutia : “Ku maha atuh ngabéjakeunnana da éta mah hésé jasa ditegeskeunnana !

Seeeebut jiga manusa, da sok béda

Sebuuuut inyana arca da sok nyarékan

Sebuuuut inyana jelema, da ka Déwa sok ngalawan

Sebuuuut joré, da sok bagus kabina-bina

Sebuuuut kasép, da sok jiga kohkol acan anggeus

Sebuuuut aki-aki, da sok jiga jajangkar mangkat begér

ari disebut ngora, da sok jiga ka(w)ung kari tuareun !

Da puguh Ki Léngsér mah, manusa lain, arca lain, déwa lain, bayawak lain ! Jiga pisan, tabé pun kitu ogé, jijieunan Sang Hiyang Tunggal salah cipta …..”

Ceuk Nyi Putri satujuhna : “Naeun sabab kitu, Nini ?”

Ceuk Nini Sarutia : “ Sabab-sababna mah, Nini hanteu nyaho, da hanteu nyaksian ! Ngan baheula, keur baheula anu pangbaheula-baheulana, ceunah mah kieu ! Tapi Nini ogé, tina ceunah ceuk ceunah kénéh!

Baheula, ceueueueueunah, basa Sang Hiyang Tunggal, Anu Nunggal di Kalanggengan, Nunggal kénéh di sakabéh alam sakabéh jagat ! Nya éta anu mudu engké ngabantu Inyana amun alam-alam anggeus hanteu pa-anggang, anggeus jagat-jagat anggeus ramé ku pangeusi !

Laju, Inyana téh nyokot genclangna ibun, anu muntang dina tungtung kacapiring anu keur mekar dina timangan angin subuh!

Héhérang genclangna ibun, dihijikeun eujeung sesegerna hawa isuk, laju jleg baé Sang Déwa Hiyang Wening.

Sang Hiyang Tunggal, Inyana hanteu engeuh pangeusi jagat-jagat téh gancang teuin ngalobaannana, ku sabab loba jasa lalaki anu séwang-séwang ngabogaan bikang leuwih ti salikur. Sang Hiyang Wening kawalahan, sabab tambahna budak-budak téh gancang jasa lobana. Jeung sabab éta anu geus baroga bikang salikur ogé, harayang tambah deui baé paranti arinyana nyarieun budak …..

Sang Hiyang Wening kawalahan sabab éta budak-budak mani gereyek, tapi ku raresep ngan nyararieunna wungkul mah, lain baé hanteu dipiroséa, dingaranan ogé hanteu-hanteu acan. Sabab hanteu dipiroséa, nya atuh Sang Hyang Wening téh katempuhan maraban.

(6)

Sang Hyang Tunggal, ngarti kasusah Sang Hyang Wening, Laju Inyana nyokot wawangina kembang Ki Paharé, nya éta wawangi anu di sakabéh alam jeung di sakabéh jagat, moal aya deui tanding dina seungitna.

(Tah éta sabab-sababna kiwari kembang Ki Paharé Pakujajar jadi hanteu sakumaha seungitna deui téh !)

éta wawangi, laju dihijikeun jeung hahaneutan beurang. Nya laju jleg Sang Déwa Hiyang Wenang !

Tapi tambahna pangurus téh ngajadieun kaayaan di sakabéh alam jeung kaayaan di sakabéh jagat lain bet tambah bérés, tapi kalah tambah acak-acakan !

Ceuk Sang Hyang Tunggal dina pikirna Inyana : “Teu meunang diantep! Amun diantep baé, bisa-bisa éta matapoé engkéna dijarieun: Bijil ti kulon, surup di kalér ! Laju Inyana nyokot buuk salambar tina lebah embun-embunan Inyana, laju dibeulitkeun keuna cahayana matapoé.

Laju jleg ! Sang Déwa Hiyang anu katilu dina jieunan, tapi leuwih unggul dina ngatur, leuwih wasa dina kawasa. Nya éta jleg baé Sang GURU DéWA HIYANG TUNGGAL anu ku Sang HIYANG TUNGGAL diserenan ngatur pagawéan Sang Hiyang Wening, pagawéan Sang Hiyang Wenang. Jeung dijiyeun minangka BAPA keur para Déwa. Lain bapa nu nyieunna, tapi bapa anu NGARAKSA.

Kacaturkeun – tabé pun kitu ogé – Sang Hiyang Tunggal keur euweuh gawé ! Ti Taman MIHARA MANDARA kadeuleu ku Inyana sagala bérés. Tapi ogé kadeuleu ku Inyana kawalahanana anu tilu, nepieun dina wayah ngaroris jagat, anu tilu téh boro-boro kaburu ngurud kumis eujeung jenggot, reureuh ogé hanteu bisa !

Sang Hiyang Tunggal laju nyokot sakeupeulan geblégan poék jeung sakeupeulan sinarna caang ! laju dihijikeun. Seja Inyana, deuk nyieun anu purah mariksa jagat sakabéh jagat, ngalanglangan alam sakabéh alam. Tapi Inyana hanteu engeuh, ngahijieunnana téh ruhureun kobak ngaburialna Cai Kahuripan !

Kocapkeun jleg baé Sang Déwa Hiyang KALA ! Tapi barengan pisan dina cai kobakan téh, jleg ogé hiji waruga nyeplés jasa Hiyang Kala! Mimiti mah Sang Hiyang Tunggal téh rada-rada gagaro, tapi barang engeuh kunaha bisana jadi kitu, Inyana ngagikgik geunah seuri !

Ceuk anu kurumuy bari unggah cara keuyeup tina kobakan : “Ari ngaran kaula naeun?”

Sang Hiyang Tunggal gagaro deui, laju mikir …… Ceuk Inyana : “LéNGSéR !”

Ceuk anu kurumuy bari olohok : “Lééééééngséér ? … Ku naha si éta mah ngaran inyana téh alus jasa ? Tapi ari ngaran kaula mah, kos euweuh deui pingaranneun deui baé ?”

(7)

Ceuk Sang Hiyang Tunggal : “Pi-eun kaula, anu hadé datangna ti kaula, anu goréng datangna ti kaula ! mantakna dia dingaranan Léngsér, sabab najan meléng ogé, dia mah moal eudeuk ngésér, moal eudeuk ngésér tina hadé, moal eudeuk ngésér tina bener !”

Sang Hiyang Tunggal laju unggah deui ka kahiyangan, bari ngagikgik ngeunah seuri ..

Hanteu kacaturkeun dikumaha-kumahana ! Ngan kacatur sagala jadi bérés!

Dina ngatur kabéh gawé, Sang Hiyang Kala salawasna babarengan jeung Ki Léngsér. Aya Hiyang Kala, tangtu aya Aki Léngsér, tapi amun aya Aki Léngsér, tara tangtu ayana Hiyang Kala !

Dina sagala gawé, kumaha karep séwang-séwangan baé, tapi sanajan sagala-galana jiga garis patunjang papalingpang ogé, monésna téh, diburitna mah sagala téh bérés jasa …. nepi-eun Sang Guru Déwa Hiyang Tungal hanteu kabagénan gawé !

Ceuk pikir inyana : “Amun kieu baé, ngaing bener ngeunah jasa ! Tapi lila-lila ngaing bisa sihungan, bisa buntutan, bisa buluan sakujur bungkeuleuk ! Leuwih, Ki Léngsér dibéré gawé séjén !”

Laju Ki Léngsér dicalukan. Ceuk Sang Déwa Guru Hiyang Tunggal : “Ser ! Pieun nambah hadéna kaayaan di sakabéh jagat di sakabéh alam, urang mudu nyieun anu monés, nyaho dia kumaha ?”

Ceuk Ki Léngsér : “Nyaho sih nyaaaaaho, ngan can kapikir naeunana jeung kumahana!”

Ceuk Sang Guru Déwa :”Pikiran atuh !”

Laju Aki Léngsér téh mikir, mikir, mikir ….. mikir inyana sabari nangkeup tuur, unggut–unggutan di congo karang anu nyodor ruhureun jurang tanpa dadasar !

Aki Léngsér mikir, mikir, ….. opat puluh poé, opat puluh peuting… tapi mikir inyana mah sabari héés…… Dina peuting anu kaopat puluh, inyana unggut-unggutan kamalinaan, galéong baé inyana tijongklok… ngoléang di awang-awang ! Déwa-déwa pada rareuwas ! Laju ngarudag … deuk naréwak anu keur murag.

Tapi ceuk Aki Léngsér : “Keun-keun ….. keun ingkeun!”

Ceuk déwa-déwa : “éta dia eukeur ragrag”

Ceuk Aki Léngsér : “ Nyaaaaaho ! Keun baé, kumaha ngaing. Hayang nyaho kumaha rasana ragrag ti Kahiyangan!”

Ceuk Déwa-déwa :” Jurangna jero jasa ! … Di lebah mana dia eudeuk ragragna ?”

Ceuk Aki Léngsér : “Ku tatanya baé ! Hanteu jongjon yeuh ngaing ragragna !”

Reg baé Aki Léngsér ngarandeg, ngarandeg dina ragragna. Ngajanteng cara naga di awang-awang.

Ceuk inyana : “Kumaha ngain baé atuh!”

Ceuk Déwa-déwa : “Kukumahaaaaan dia téh?”

Ceuk Aki Léngsér : “Apanan nyieun monés!”

(8)

Ceuk Déwa-déwa : “ Ari ragrag mah, hanteu monés! Béntang-béntang ogé bisaeun!”

Ceuk Aki Léngsér : ” éta mah lain ragrag …. M u r a g ! Lésot tina paseukna ! Jadi ngoléang na téh, tanpa karep tanpa seja !”

Ceuk Déwa-déwa : “Ari dia ?”

Ceuk Aki Léngsér : “Ngaing mah boga karep!”

Ceuk Déwa-déwa : “Karep dia!”

Ceuk Aki Léngsér : “Deuk nyieun anu monés ! Deuk jadi tukang pan…tun!”

Ceuk Sang Guru Hiyang Tunggal : “Tah heu-euh! éta mah acan aya! bener heu-euh, tukang pantun ! … Déwa-déwa mah geus mahi loba, tapi tukang pantun mah bener monés. Sabab acan aya! Hayu unggah deui!”

Ceuk Aki Léngsér : “Amun tukang pantun aya di kahiyangan, éta mah hanteu monés. Tukang pantun mah, mudu aya di jagat séjén, mudu aya di alam anu béda!

Ceuk Sang Guru Hiyang Tunggal : “Di jagat mana ? Di alam anu mana?

Ceuk Aki Léngsér : “Nyaaaaaao”

Ceuk Sang Hiyang Kala : “Tuh loba kénéh pilih baé, eudeuk di genclang anu mana ?”

Ceuk Aki Léngsér : “ Amun cicing di genclangna alam caang mah, atuh hanteu monés deui baé !

Apan gawé tukang pantun mah :

Ngapan-ngapan anu kauntun ku waktu, nyaritakeun dongéng-dongéng anu kungsi kajadian, tapi moal mantak pikapercayaeun!

Tapi engké jaga baris deui kajadian, tangtu bukti, tangtu kasorang ! Ngan dina buktina jaga, mudu nguntungkeun heula nu jadi musuh ! Sabab urang Sunda, ngagung-ngagung k a l a p a s u n d a, tapi dina sarundana lain kalapa mamanggaran, tapi sunda h u h u l u a n !

Ngaing deuk cicing di alam anu can ramé, di jagat anu poék kénéh ! Tuh di ditu, di juru panungtungan, lebah congo deuleu patungtungna, tuh aya nu melegmeg hideung! Jagat naeun téh ngaranna?”

Ceuk Sang Hiyang Kala : “Teu nyaho tah, dia ?”

Ceuk Aki Léngsér : “Amun dia nyaho di ngaranna, moal ngaing deuk nanyakeun ! Mantak ngaing nanyakeun, sabab dia ogé hanteu nyaho!”

Pikir Sang Hiyang Wening : “Tah, jiga-jigana mah, lebah dieu yeuh mimiti monésna ! Ayana tukang pantun mah, bisa-bisa ngabibitkeun parébutan pikir!” Laju ceuk inyana : “Ngaranna alam Pagelaran, jagatna, jagat Kawah Hiyang ! Can aya jelemaan, lolobana mah monyét wungkul!”

Ceuk Aki Léngsér : “Kabeneran! Mending gé mantun hareupeun monyét eujeung kunyuk ! Sabab biasana mah, sato-sato téh leuwih hideng manan jelema!”

Galéong Aki Léngsér ngaragragkeun inyana deui …. ragrag, ragrag, ragrag di awang-awang … nembus langit salapan hambalan …… Hanteu dicaturkeun di kumahana ! Ngan kacaturkeun hiji mangsa ! Wayah Sang Hiyang Kala ngalanglangan !

Ceuk Sang Hiyang Kala : “Betah ?”

Ceuk Aki Léngsér : “Betah, hanteueueueueu, teu betah, hanteu! Da mudu kieu ari boga seja jeung karep mah !

(9)

Hanteu cukup ku ngupah-ngupah awak, ku ngabébénjokeun awak ku ngucapkeun “Jamak jeung wayahna” Tapi mudu prak jeung lampahna, dibarengan maksakeun karep jeung kahayang ! Kieu, Déwa ! Ieu jagat sina poék baé ? Coba éta matapoé dina ngideran jagat téh, sina ngaliwatan ka lebah dieu !”

Ceuk Sang Hiyang Kala : “Teu bisaeun !”

Ceuk Aki Léngsér : “Sababna ?”

Ceuk Sang Hiyang Kala : “Pelengkungna heureut!”

Kacaritakeun keukeuh anu ménta, keukeuh anu majarkeun hanteu bisa.

Ceuk Sang Hiyang Kala bari keuheul : “Amun ngabadigul ka déwa, ku ngaing dia dilumpuhkeun !”

Ceuk Aki Léngsér : “Lumpuh!”

Harita kénéh Sang Hiyang Kala anu ngaluntuk, lumpuh!

Ceuk Aki Léngsér : “Sakalian bé jeung pireuna !” Harita kénéh Sang Hiyang Kala eudeuk ngomong bari ambek, tapi inyana kaburu pireu mantaré, di sina pireu ku Aki Léngsér.

Ceuk Aki Léngsér : “Tah, kitu, ari gedé kakawasaan euweuh kaberek! Pieun nyaangan ieu jagat, pelengkung mata poé hanteu mudu ditumbu ! Ngiderkeunnana matapoé baé, k é s é r k e u n! Ulah sina tetep di tengah baé. Késérkeun atuh, tina ngétan ngulon nengah pisan, sina ngétan ngulon rada-rada ngalér, atawa sina ngétan ngulon anu ngidul rada ngalér. Ogé bulan, mantak naeun amun dina nyaanganana ka dieu mah, ulah caangna cara seuneu dina tihul jero hawu …. Ngaing mah hanteu eudeuk sarakah. Kajeun hanteu mudu terus baé hurung bulan sabuleudna! Kumaha amun hurungna bulan dina nyaangan ieu jagat, nyaanganana ti leutik heula, tina sagedé caang kica-kica heula ? Laju saban peuting, caangna ditambah deui. Jeung di mana caangna manjing dina caang pangbuleudna, saban peuting téh dileutikkan saeutik-saeutik heula ! Kumaha Jagat Kawah Hiyang eudeuk dibéda-bédakeun ? Cenah caangna hanteu mahi, kurang atawa leuwih téh, lain tina saeutikna atawa lobana, anu mudu dibagi-bagi ! Tapi tina bisa atawa hanteu bisana anu mudu ngabagi-bagina. Sanajan anu mudu dibaragina lobana loba jasa ogé, tapi amun anu mudu ngabagina puguh anu bisa mah, tangtu bisa kabéh kabagenan s a j a m a k n a! Tapi amun anu babagina hanteu berek mah, sanajan anu mudu dibaragina lobana teu sapira ogé, tina anu leuwih lubak-libuk téh tangtu bisa loba jasa anu hanteu kabagenan!

Jalanna matapoé eujeung bulan, ti seret wayah ieu

(10)

ku kula ditetepkeun kitu. Dia sapuk, dia hanteu sapuk, jamakna dia nurut ka kaula ! Jalanna matapoé eujeung bulan, ulah wara dia robah deui amun can dibéjaan ku kaula ! Amun dia nyanyahoanan robah-robah, matapoé eujeung bulan, ku kaula eudeuk dicéos! Jeung inget, ti seret wayah ieu ulah dia deuk poho deui, dia Déwa sotéh pieun deungeun, pieun kula mah apanan sarua Batara ! Hayuh, geura unggah deui ka dituh, geura mulang deui ka Kahiyangan “

Tah kitu, Nyai, béja anu nyaritakeun Aki Léngsér !”

Ceuk Nyai Putri Bungsu : “Nini, kumaha lajuna éyang Kala ?”

Ceuk Nini Sarutia : “Nya, atuh kumaha ? Da puguh jadi lumpuh eujeung pireu ! Boro-boro deuk bisa mulang, ngomong ogé hanteu bisa ! Ngan dina sinar mata Sang Hiyang Kala, tétéla inyana téh lain ambek, tapi inyana ngeunah seuri jero angen ! Sabab pikir Sang Hiyang Kala, Léngsér, anu katempuhan mah, nya dia kénéh, Dia mudu mulangkeun ngaing, ngagandong ka Kahiyangan ! Mangkaning tanjakan-tanjakan ka kahiyangan, naranjeur jasa, paranjang jasa !

Ceuk Nyi Putri pangais bungsu : “ Nini, ku naha hanteu diwaraskeun deui ku Aki Léngsér ?”

Ceuk Nini Sarutia : “Anu ruksak di jagat handap, hanteu bisa diomékeun di jagat handap. Mudu dibenerkeun deui di Kahiyangan!”

Ceuk Nyi Putri Satujuhna : “Lajuna kumaha, Nini ?”

Ceuk Nini Sarutia : “Nya diburitna mah, Aki Léngsér kéééénéh anu katempuhan, Inyana mudu ngagandong mulangkeun Déwa. Barang Inyana keur enggéh-enggéhan, di tanjakan Ki Saidun, anu nanjakna mani nangreu anu nanjeur, anu panjangna nepi ka hambalan langit anu biru, jeung reueur ku lésangna, kabeneran harita téh ceunah ngaliwat méga Baléwata. Méga dieureunkeun ku Aki Léngsér, Sang Hiyang Kala digubragkeun keuna méga bari ceuk Aki Léngsér ngomong ka méga : Mihapé yeuh ! Pangangteurkeun ka béngkél Santa Waluya !”

Méga laju ngalayang deui, unggah ka Kahiyangan. Ari Aki Léngsér mah, inyana nyorodotkeun minyana …. mudun deui ka …. ka, ka ceunah mah ka tonggoheun Jasinga ! Nyaaao atuh, da Nini ogé ceuk ceunah ti ceunah deui. Tapi anu ceunah puguh mah, Aki Léngsér laju matuh di Kawah Hiyang, di lebahan anu kiwari dingaranan PAJAJARAN, Pajajaran anu Tengah.

Ceuk Nyi Putri Arum Wiyaga : “Ari Pajajaran Tengah, Nini, lebahna aya di mana ?”

Ceuk Nini Sarutia : “Can nyorang Nini ka dinya, Nyai ! Tapi béjana aya tangkal PAKUJAJAR KI PAHARé ngan jarangkung gedéna téh di pajajaran Tengah.

Siar baé éta tangkal anu jaradi tetenger ! Mun kasampak loba jasa Pakujajar Ki Paharé jarangkung gedé, moal salah deui, moal sulaya deui, dia tangtu aya di lebahan Pajajaran Tengah!”

(11)

Ceuk Nyi Putri Arum Wiyaga : “Naeun sababna, Nini, dingaranan Pakujajar ? jeung kumaha di rupa Ki Paharé ?”

Ceuk Nini Sarutia : “ Nyaaao atuh ! Da Nini mah acan neuleu. Ngan ceuk béja, éta téh hiji tangkal anu baheula di baheula pangbaheulana, ngan ayana di urang kahiyangan, dingaranan ku Aki Léngsér. Ku Sang Hiyang Wenang dipindahkeun ka Kawah Hiyang, pieun Aki Léngsér nyiyeun tetengger. Ceuk ceunah mah, tangkalna éta kénéh éta kénéh, ngan ngaranna : Nya Pakujajar, nya Ki Paharé Jeung aya Pakujajar sahiji deui disarebutna : Suji Domas nya Suji Badak. Disebutna Pakujajar, lain ngamaksud tangkal paku atawa tangkal pakis anu ngajajar dina jadina tapi nyilokakeun “Paku” hartina Pamageuh, “jajar” hartina papayeun ! Pamageuh!

Papayeun arinyana anu panasaran harayangeun deui bisa mulangkeun nu harilang kadupak jaman nu laleungit ku gawé pidik.

Ari Ki Paharé ?

Sabab tangkal dina wujud, tangkalna mah éta-éta kénéh tapi daunna béda ti pucuk, papaharé dina bangun ! Bangun dina pucukna jeung daunna nu ngarora badis pisan Daun Suji, tapi rupa daun nu karolot, puguh pisan daun Hanjuang !

Mantak, ceuk béja téh, dina pantun Aki Léngsér Pakujajar Ki Paharé disebutna HANJUWANG SIYANG. Lain Hajuwang nu di beurang, tapi nyilokakeun : “Hayu geura hanjuwan ku nu miarasih ka nu enggeus ngahariyang”

Disebut Suji Badak, lain sabab éta tangkal paranti badak gagasak. Tapi sabab saliwat mah, mémang daun ngora jeung pucukna, nyeplés pisan daun suji. Nyeplés daun suji nu akarna pitumbaleun nyeri kiih, jeung keueuseun. Ramesan daunna, meunang ngibun, ubar panjang alus buuk! Tah sakitu kanyaho Nini “

r

Urang caturkeun baé, Putri Bidadari anu tujuh, geus arundur ti Panggung panyandangan, ti Paséban paninunan …. deuk tarurun ka Kawah Hiyang, ngajugjug Gunung Gorowong di Pajajaran Tengah, pajajaran tengah anu baheula…..

T u n d a . Keun sina tarurun narindak ka Pajajaran !

(12)

Urang mah, urang mapag. Urang papag nu deuk datang !

Urang longok heula anu miang ti Karang Pamulang, nu keur nindak ka lunta-lunta, nu dijurung ka Gunung Gorowong nu ngajemblong di Pajajaran. Pajajaran ….. di Pajajaran nu ngamparna kaurugan jaman, nu ceceluk ti awun-awun …. nu jaga baris diguar, dijajarkeun deui ku nu sarunda dina sukmana, jeung sarunda dina lampahna.

Saha anu miangna ? Saha anu kalunta-lunta ?

KI RAKéAN KALANG SUNDA anu nyupataan awak inyana pieun nyinglarkeun lampah salah !

Rakéan Kalang Sunda dina wujud salin rupa, turun gunung unggah gunung asup leuweung ka ruar leuweung, dina wujud rupa lutung !

Sabab inyana jadi lutung ? Sabab inyana embung katulah amun ngabogaan pihapéan ! Inyana nindak, nindak, nyiar gunung anu gorowong, pienggoneun inyana tapa, pieun nanggoan datang wayahna udar wujud rupa lutung.

Inyana nindak, nindak di Pajajaran nu geus runtag, nu rajana geus ngahiyang, nu ngarana kari aweuhan tapi langgeng jadi wawangi ….. Inyana nindak bari peurih ku kasedih …. nindak, nindak….. teu kacatur di jauhna, teu kabilang loba bulanna, teu kaitung di winduna ! Ngan nurut galur pantun buhun, inyana anggeus deukeut keuna gunung nu gorowong di lampingna … nu lampingna mani nawing. Mani nawing keuna untup ngunggahannana !

Ceuk béja tinu boga carita : Harita, tujuh putri Bidadari nu tarurun ti Kahiyangan, geus araya di Kawah Hiyang, laju alak-ilik tarempa-tempo, nyiar Pakujajar, Ki Paharé jarangkung gedé. Arinyana hanteu nyarahoeun, hanjuwang siyang béak dibukbak, Pakujajar musna dicacar, ku musuh anu ngarurug jeung ngahuru dayeuh jadi lebu, ku musuh anu ku anu ngajurungkeunnana mah, h a n t e u ditaritah nyundatan bari paksa.

Putri Bidadari anu tujuh nyiar terus, nyiar tangkal jaradi tetenggér … nya laju narepi ka hiji lebah loba gunung nuraruhur, loba leuweung pikeueungeun, loba jungkrang nu barala, loba lamping ngalungkawing … mantak ginggiapeun mun teu ludeung …..

Ceuk Nyai Putri Mayang Mangsaweuhan : “Tétéh di mana atuh? Nagara Pajajaran aya di mana ? Geuning di dieu mah, euweuh Pakujajar, Suji Domas, euweuh Ki Paharé Hanjuang Siyang …. Tapi Tétéh, asa ku betah rarasaan. Méh asa-asa di Kahiyangan ! Ngan bédana, di dieu mah hanteu sarareungit, jeung caangna, jiga mun di Kahiyangan meujeuh langit eukeur mendung ! Tétéh deuleu jiga di urang ! Ituh, aya gunung nyelap dina runtuyan gunung anu kembar sahunjaran. Ku badis jiga di urang ! Gunung naeun nya Tétéh, nu nyelap cara di urang ?”

Ceuk Nyai Putri Maya Kayangan : “Ja heueuh, jiga pisan sarua jasa, badis pagunungan di Kahiyangan ! Itu gunung anu nyelap, dihapit dua kendengan, laju nyambung ka kendengan anu lega, badis pisan nu di urang, di pagunungan WARUGA SASTRA ! Deuleu ! Badis pisan nu di urang, itu aya dua gunung awun-awunan ! Badis nu di urang dingaranan Giri KRIDASMARA sakembaran !”

Ceuk Nyai Putri Maya Indung : “Ja heueuh, adi. Hanteu béda ti di urang. Deuleu itu gunung anu leutik, nu punclakna namprak rubak, tapi tutugannana naros heureut, jeung ti mumunggang nepi ka handap, jiga aya tapak pameulahan !”

Ceuk Nyai Putri Arum Tineung : “Tah, déngékeun ! Sora guruh mani eundeur ! Sada naeun nu kitu, nya Tétéh ? Kula mah asa kareueung !”

(13)

Putri Bidadari anu tujuh laju ngadaréngékeun ! Ngadaréngékeun bari ngaronyok padédémpél ! Sabab, najan jadi bidadari ogé, ari keueung mah, keueung bééééééé…….

Ceuk Nyai Putri Mayang Mangarang : “Boa sora buta ? Hayu urang nyingkah !”

Ceuk Nyai Putri Mayang mangsaweuhan : “Lain, Tétéh ! Ari sora buta mah apanan ceunah garihul menjul tingbeledug ! Tapi ieu mah, ngaguruh tapi halimpu !”

Ceuk Nyai Putri Mayang Mangarang : “Heueuh ! Tah déngékeun, sadana sora nu kérék, tapi kérék dilagukeun! Tah geuning ! Jiga lagu Timang titi ayun ambing, jiga Dengkleung Kahiyangan. Tétéh ….. Boa kérék Aki Léngsér ? ….. urang Tempo !”

Tapi euweuh nu eudeuk nempo, da sarieun salah sampak ! Uuuuuntung anu heueuh Aki Léngsér, tapi kumaha amun anu disadana téh Raja Dedemit nu rupa hileud ?

Ceuk Nyai Putri Maya Indung : “Teu mudu sieun ! Tah, geura déngékeun! Geuning jiga lagu Kidung Pangruhun, Turun Buah Kawung Ruruntuyan ! Lagu kitu mah ngan aya di Kahiyangan ! Di Jagat mana ogé, di alam nu mana ogé, moal aya anu bisa amun lain nu nyorang aya di Kahiyangan!”

Ceuk Nyai Putri Bidadari anu cikal ngan bisa ngomong baé. teu nuju sieun, teu mudu keueung ! Tapi inyana sorangan, ngadeukeutan sodong mah, nya kitu téa béééé. Najan Bidadari ogé, ari haté leutik mah di sakabéh nu burihan mah, tangtu aaaya ! Inyana lain sieun ku dedemit, tapi geuleuh ku rupa hileud !

Ceuk Nyai Putri Arum Wiyaga : “Urang bareng, nempona disakalieun! Sugan ari dihijikeun mah, kawani saeutik séwang-séwangna, mahi gedé pieun ngéléhkeun rasa keueung !”

Laju Putri bidadari anu tujuh arunggah babarengan bari padédémpél…. Hanteu naraék tingtérékél, hanteu turun tuturubun … da apanan Bidadari! Arinyana pating kalayang …. cara julang deukeut ka sayang ! Nyi Putri anu tujuh laju ngalayang ka lawang guha …. cung nyarembah bari ceuk arinyana : “Nuuuun, éyang Akiiiii, Ieu kaula ti Kahiyangan!”

Tapi Si Léngsér mah, jongjon kérék.

Ceuk bidadari satujuhan bari nyembah dibarengkeun : “Nuuuuun, Aki éyaaaaang, ieu kaula ti Kahiyangan !”

Tapi Si Léngsér mah, jongjon nyegrék ! Bidadari satujuhan hanteu eureun-eureun anun-anunan, sabari nyarembah acung-acungan ! Tapi Si Léngsér mah, jongjon kérék nyegrék teu eureun-eureun, bari tumpang suku édég-édégan !

Anggeus capé anun-anunan jeung carangkeul acung-acungan, ari enggeus tétéla anu héés moal deuk hudang gancang-gancang, Putri Bidadari satujuhan laju rareureuh. Arémok di panto sodong, marando di tepas guha ……

Urang....................

T u n d a h e u l a :

No comments:

Post a Comment