Sunday, August 14, 2011

Ronggeng Tujuh Kala Sirna IV

Urang tunda sing waspada ……. !

(51)

Urang teruskeun !

Peuting éta, Rakéan ngendong di babakan leutik. Rupa-rupa pikiran jadi pikiraneun inyana. Eudeuk tatanya, budakna anggeus héés !

Caturkeun baé isukna !

Inyana jeung éta budak narindak la Ci Dadap … mapay sisi basisir ka wétankeun, nyabrang cai ngojayan walungan, asup leuweung ka raura leuweung, unggah pasir turun pasir, mapay-mapay sisi gunung… sabari ngagandong budak !

Ceuk budak : “Di leuweung tadi, geuning euweuh kerud ?”

Ceuk Rakéan : “Euweuh !”

Ceuk budak : “Di rancah itu, euweuh jurig ?”

Ceuk Rakéan : “Heunteu !”

Ceuk anu digandong : “Bapa teu sieun jurig ?”

Ceuk Rakéan : “Henteu”

Ceuk anu digandong: “Kunaha hanteu sieun ?”

Ceuk Rakéan : “Batur !”

Ceuk anu digandong, sora inyana sora heran, anu héran eujeung kaeueung : “Bapa ogé jurig ?”

Ceuk Rakéan sabari mesem : “Lain ! Jelema biasa, cara bapa nyai ! Saha bapa nyai ?”

Ceuk anu digandong : “Bapa nyai mah euweuh !”

Ceuk Rakéan : “Ka mana ?”

Ceuk anu digandong : “Ceuk Ambu, inyana keur nyaba jauh !”

Hate Rakéan séjén deui rasana, ceuk pikir inyana : “Mun kieu, lain anak Nyai Putri !”

Laju ceuk inyana : “Ngaran Ambu dia saha ?”

Ceuk anu digandong : “ Aaaaaambu !”

Ceuk Rakéan : “Ngaran inyana ?”

Ceuk anu digandong : “Heueuh, Ambu !

========================

Caturkeun baé, geus narepi ka muhara Ci Mandiri, sabrang kalér anu ruhur. éar anu nareuleu : “Kapanggih, batur, kapanggiiiiih ! Nyi Putri leutik kapanggih …. !”

Ceuk anu harayang nareuleu : “Mana …. mana ?”

Ceuk anu nareuleu : “Tah ! Di sabrang kalér “

éar sasisi lembur : “ Heueuh, tuh, digandong !”

Rakéan diparapagkeun, laju disarabrangkeun sabari ngagandong kénéh, disabrangkeun dina bandungan !

Ceuk anu nyabrangkeun, saurang : “Huh !”

Ceuk batur inyana saurang : “Haaah ?”

Ceuk anu tadi sabari haréwos : “Jiga monyét !”

Ceuk batur inyana : “Heueuh, joré jasa. Jiga lutung !”

Ceuk saurang deui sabari nulak bandungannana digancangkeun, jeung sora anu keueung : “ Boa jurig ti Coblong….!”

Anu nyarabrangkeun laju kareueung, narulak bandungannana digarancangkeun jasa… can ogé bandeungan adek pisan ka sisi, arinyana geus ting aracleng laju lalumpat gancang jasa ….

éar anu marapagkeun. Tétéla ka Rakéan, anu digandong téh puguh anak Nyai Putri Purnamasari. Haté Rakéan atoh jasa… Bari nangkeup pageuh heula, inyana ngécagkeun anu digandong! Rakéan atoh kabina-bina. Sakali deui inyana nangkeup Nyi Putri Mayang Sagara, nangkeup nyaah deudeuh jasa, sabari ngusap-ngusap bari calimba…..

Nyai Putri leutik laju tereleng baé lumpat, mulang diiring ku nu lalumpat di pandeuri …. Diringkeun barudak loba, nu ngiringkeun sabari lumpat, jeung ku kolot-kolot sabari lumpat, ku aki-aki sabari lumpat, mun lumpatna pararétot.

(52)

jeung ku nini karudang iteuk nu lumpatna dalugdag-daligdeug…..!

Ngan Rakéan anu hanteu lumpat. Inyana mah ngagidig biasa, alak-ilik sabari nindak … Paaaaangling ayeuna mah ! heueuh, bener geus kebel miang ti Ci Dadap téh ! Inyana inget kénéh lebah-lebahna imah Nyi Putri lebah panyimpangan anu aya katapangan ! barang inyana nepi, Rakéan bener pangling. Sabab imah nyi putri anggeus séjén …. leuwih gedé leuwih alus. Sakurilingna dipageran berenuk jaradi kerep. Pakarangannana lega, bararesih jeung caraang, hanteu dipelakkan. Ngan loba tatangkalan pangiuh-ngiuh ! Jeung Kamuning jeung kembang Dayang, ngajajar rapih dipelak !

Inyana eudeuk asup, tapi ku kokolot anu harita jeung jelema loba ngagarimbung ruareun pager, inyana hanteu meunang.

Ceuk Rakéan : “Kunaha ?”

Ceuk kokolot anu pangkolotna : “Mantak kasiku ! Pakarangan Puun mah, sangar. hanteu beunang ditincak sambarangan suku!”

Rakéan eudeuk nyebut ngaran inyana, tapi kaburu inget talatah Ki Léngsér “Hanteu meunang aya nu nyaho, saha sia, naeun sia !”

Ceuk Rakéan : “Tah., atuh ! Kujang Nyai Mayang Sagara. Kujangna mah, béjakeun Kujang Rakéan !”

Najan inyana hayang jasa papanggih jeung Nyi Putri Purnamasari, inyana hanteu jadi. Laju inget sumur haur, sumur haur pamunjungan, nu baréto inyana ngadegkeun ! Inyana nindak. Keur inyana deuk sibeungeut, méméh unggah ka pamunjungan, dina kobak hérang caina, beungeut inyana kadeuleu cara dina eunteung ! rakean reuwas jasa ! Inyana sedih jeung nalangsa, neuleu rupa inyana joré kabina-bina ! Inyana ceurik … sedih mani nyeletit, ci mata inyana nyarakclakan keuna kobak hérang caina ….. Ras inget ka omong Ki Léngsér, inyana téh keur mudu maké kedok …..

Kacaturkeun Rakéan munjung di pamunjungan. Inyana hanteu nyaho dideuleukeun ku anu hanteu kadeuleu, teu kadeuleu ku mana manusa di raga jelema !

Ceuk pikir anu neuleukeun, anu neuleukeun hanteu kadeuleu : “Saaaaha éta téh ? Asa ku coooop keuna haté !!!!” Laju inyana némbongan, dina rupa waruga nini-nini, anu kolot mani bongkok, nu buuk ngan huis wungkul, bujigjrig aut-autan …..

Ceuk inyana ka Rakéan : “Saha Dia ? Ti Mana ?”

Ceuk Rakéan : “ Kula mah teu boga ngaran. baheula mah ti Pajajaran!”

Ceuk Nyi Putri Arum Wiyaga anu ngarupakeun nini-nini : “Basa baheula di Pajajaran, tangtu dia boga ngaran !”

Ceuk Rakéan : “ Nini, baheula mah jaman kaliwat. Di Kiawari jaman ayeuna, di jaman keur dilampahan, ngaran kaula anu baheula, geus lebur kaluluh waktu, geus hilang diusap papastén! Ngaran anu kiwari, kumaha karep anu nyebutna, sebut monyét, hampék ! Sebut kunyuk, hanseug. Moal kula eudeuk nyeri keuna haté, da puguh di kieu rupa!”

Ceuk anu dina rupa nini-nini : “Basa dia, cara kalakay ditebak barat! Sora dia, cara pulek curug dina sedong ! Naeun sabab kitu ?”

Ceuk Rakéan : “Sababna, kaula hirup jadi jelema nu gelarna kabagéan, mudu malang dina bagja, mudu nyukang mapay lara. kaula keur ngalalana, dititah nyiar tarataseun jalan pieun nu nyusul.

(53)

Nu teu sabar nanggoan jaman, ngarep-ngarep datangna wayah, peunggasna caringin kurung disayangan manuk sabrang, jeung karapyak tinggal saralak, anggeus diruksak banténg coréléng !

Kaula mah mudu mapak raja :

anu anggeus diparunggu ka heulang sabrang,

dipindahkeun ka hulu banténg !

Kaula mudu nyaksian :

Banténg ngamuk nguwak-ngawik,

ngabuburak raja panyelang

nu karanceuh lila teuin

jeung arédanna kamalinaan !

Ceuk anu ngarupa nini-nini : “Mantak naeun dina dia ngalalana, dia maké ngaran dia anu baheula ? Abéh kabéhan pada nyaraho !”

Ceuk Rakéan : “ Moal eudeuk jadi guna, ngalulungkut anu geus undur ! Sabab ceuk carita kolot baheula :

Engké mah ka hareupna, euweuh ngaran anu maneuh, hanteu kaeur ditukeur-tukeur, gunta-ganti sina murilit, pabeulit euweuh nu ngarti…!

kaula keur nyiar ngaran anu hadé dibawa paéh !”

Ceuk anu ngaruipa nini-nini : Anu hadé kadéngéna ? Atawa anu hadé dina hartina ?”

Ceuk Rakéan : “Anu hadé ingeutaneun !

Sabab anu hadé dina déngé, can tangtu hadé dina harti !

Anu hadé dina harti, can tangtu hadé balukarna !”

Ceuk anu ngarupa nini-nini : Mun cara baheula ? Maké Ciung, maké Manara ? Kumaha amun Ciung Panungtung, atawa Wanara Minda Kalang ?”

Ceuk Rakéan : “Ngaran kitu mah, ngan hadé pieun dina carita, pieun lalakon kosong euweuh toongeun. Pieun dongéng anu ramé, tapi réHé ku bukti baris ngajadi ! kaula hayang ngaran : Anu napak dina rupa, anu teu sulaya ti pangabisa ! Anu teu pondok diheureutkeun, anu ngeusi dina harti, eujeung manjang dina jaman, anu pantes dijajarkeun dina tepas diamparan siloka!

Heueuh, rupa kaula, rupa lutung ! Mun maké lutung ?”

Ceuk anu ngarupakeun nini-nini : “Heueuh ! Tapi kumaha ngarékana abéh alus ?”

Ceuk Rakéan : “Kula moal nurutan anu ngan raresep pupulasan ! Sanajan kituna disababkeun paréntah jaman ! kaula sanggup hirup dina adegan anu wajar ! Rupa kaula, rupa lutung. Ti seret poé ieu, ngaran kaula : Ki Lutung ! Moal ditambahan naeun-naeun deui”

Rakéan laju pamitan ……Inyana nindak deui, undur ti Sumur Haur Pamunjungan, di deuleukeun ku nini-nini anu malik deui jadi geulis, jadi deui Putri Bidadari Arum Wiyaga anu ngileus deui di pamunjungan …. nanggoan wayah miang ditéang …..

========================

Tunda ! Anu geulis hanteu kadeuleu, deuleueun engké ka hareup !

(54)

Urang tuturkeun Rakéan nindak. Mimiti terus ka tonggoh, mapay pasir turun unggah, ka bobojong anu loba kopo, di mana engké jaga baris ngadeg lembur nu sangaran,di lebahan urut Rakéan reureuh heula pieun noong ka anu paroho ka inyana. Ti dinya inyana nyabrang walungan anu saban walungan anu saban caah carang kiruh ka girang-girangna ! *)

((*Ngaran lemburna = Bojong Kopo, Ngaran walungannana = Cidadap))

Amun engké wahangannana dicukangan beusi papalang, laju batu batuna dipaké ngabalay tambak mapay sagara, tah éta totondénna anggeus parek keuna wayah datangna jelema gagah tengah édan, ngaur-ngaur duit jadi panyakit, ngabulungbungkeun jalan gedé tapi suwung, ngagara-garakeun ramé masar di palabuan, tapi ngusir loba urang palabuwan pararindah masisian !

Rakéan nindak deui, nepi ka hiji gawir anu panjang malipid pasir. Inyana nepi ka hiji lebah anu tangkalna wungkul Ki Sampay, dijarieun enggon nyarampay sagala rupa anu bisa nyampay : Oray sanca sagedé-gedé catang kalapa, kalong-kalong sagedé bagong, areuy-areuy sagedé-gedé beuteung, monyét-monyét sagedé-gedé…. monyét garedé…. ngan poé popok jeung poé cangcut, harita mah can nyarampay !

Engké jaga, amun dilolongok pamoyaman maung, diadegkeun saung panoongan, tah éta totondénna baris loba anu ngarep-ngarep : Témbong beureumna matapoé nu surupna pieun nu jaya, nu bijilna pieun nu sedih!

Gawir panjang mapay pasir, kiwari aya kénéh. Di dinya engké jaga baris aya babakan anu maké ngaran SAMPAY. Tina éta saung panoongan, engké ku anu naritah nyararieunna, baris katoong datangna wayah ngadak-ngadak, arinyana marudu mulang, marulangna dihogor-hogor monyét karonéng.

Rakéan nindak terus, ngunggahan Gunung Porang, ngaliwatan Gunung Rompang, malipid ka Gunung Bongkok ….., urang caturkeun baé inyana geus nepi ka Gunung Mandalawangi salebakkeun Gunung Sang Hiyang Purwa anu kiwari dilandih ngaran, disarebutna GUNUNG GEDé.

Caturkeun baé, inyana geus aya di pamunjungan, tonggoheun SITU TALAGA WANA, laju alak-ilik … kadeuleu aya areuy gedé anu mébér jiga ayunan tina samping, jiga ayunan paranti ngayun orok ! Jeung kadeuleu dina mémébérna anu rubak, aya nu keur héés sabari ayun-ayunan ! Anu héésna buuk panjang kabéh bodas ! halis … bodas ngaroyom panjang, kumis … bodas panjang ngambay ka dada, janggot bodas pabeulit jiga sayang beurit ! tétéla héés inyana geus kebel jasa !

Pikir Rakéan : “Moal salah, anu kieu yeuh Ki Mulangpurwa téh ! Heueuh ceuk kolot anu karolot, ulah ngandelkeun sagala ka anu karolot. tah geuning rupana ! Pagawéan sakitu lobana, ditunda héés sakitu lilana!

bener heueuh ceuk anu karolot, sagala anu ka hareup, mudu digarap ku anu ngarora!” Ceuk Rakéan sabari neukteuk areuy : “Hudang, Lot, hudang!”

Areuyna pegat, anu héésna murag, nampuyak cara buah picung anu dalu. Inyana eudeuk hudang, tapi pajeujeut keuna jenggot ! Laju ngorondang, angkuh inyana eudeuk narajang … popolotot sabari nyanggéréng. Ngan ku Rakéan kaburu kabetot bulu korong inyana … mani ngabaung !

Ceuk anu deuk narajang : “Bangka warah ! Siah !”

Ceuk Rakéan sabari ngagulung udud dun kawung, : “ Kula ? Ki Lutung! Hayu ah, geura hudang !”

(55)

Sabari mageuhkeun samping dina cangkéng, anu ambek deuk narajang deui. Tapi ku Rakéan laju disépak, nyepakna sabari jongjon ngagulung udud! Anu ambek, tambah ambek. Sabari nyanggéréng, inyana narajang bari ngorondang. Tapi ku Rakéan kaburu kacekel punduk inyana, jeung irung inyana dijejelan kaul nu keur hurung !

Ceuk Rakéan : “Disundatan, siah !”

Ceuk anu narajang sabari ambek : “Tobaaaat, Ki Lutung, tobat!”

Ceuk Rakéan : “Sieun ? Disundatan ?”

Ceuk anu totobatan : “Lain sieun dikampakna. Sieun sotéh moal karasaeun deui beubeur panyumpelna…. Naha sia wani calutak ka karuhun ? Saha Sia ?”

Ceuk Rakéan : “ Aaaaanggeus Ki Lutung ! Tatanya kénééééh ! Deuleu, geus wayah kumaha yeuh ?”

Ceuk anu totobatan sabari nepak-nepak dada : “Ngaran Ngaing Ki Mulangpurwa ! Tah ieu, ieu yeuh karuhun tonggoheun Talaga Wana. Kabéh euweuh anu waranieun ka ieu karuhun mah !”

Ceuk Rakéan : “Deungeun-deungeun teu waranieun. Kaula mah hanteu sieun. Tah deuleu !” Rakéan ngomong sabari ngebulkeun haseup udud ka beungeut Ku Mulangpurwa anu laju kabesékan manu pependelikan !

Ceuk Rakéan : “Hayuh, geura mandi di talaga !”

Ki Mulangpurwa ngahunted baé. Ku Rakéan inyana disépak deui. Nyépakna cara nyépak runtah dikasisieun, bari ngomong : “Deuk mandi moal ?… Jadi yeuh disundatannana !”

Ceuk Ki Mulangpurwa : “Lain embung mandi, embung sotéh ku baseuhna !”

Ceuk Rakéan : “Ari embung mandi mah, sibeungeut atuh ! Tuh, di mata cai di Dungus tepus nu ayana di juru talaga beulah wétan, ruhureun enggon ka ruar haseup ti jero cai ! Kumbah tah mata dia abéh ku dia kadeuleu : Ieu téh wayah kumaha ? jeung abéh dia neuleu, saha anu undur, saha anu aya, jeung saha nu baris datang!”

Ceuk Ki Mulangpurwa : Tobaaaat ! Mun kieu mah, dia téh leuwih ti karuhun. Sabab dia nyaho sagala rasiah Pajajaran ! Sampuraaaa kaula tadi nyia-nyia !”

Ceuk Rakéan : “Kaula hanteu nyaho di rahiah-rasiah Pajajaran. Sabab kaula lain karuhun !”

Ceuk Ki Mulangpurwa : “Geuning dia nyaho anu ngan karuhun anu nyaho. Nya éta mata cai anu disebut CADAS PAMELONGAN téa !” Apan éta téh ngan paranti engké sibeungeutna para ipri jeung para karuhun anu marudu nyaksian ngadegna RATU ADIL anu SAéSTU!”

Ceuk Rakéan : “Amun dia ngomong baé, ieu lalakon panjang teuin, Hayuuh geura turun ari embung diteukteuk tulalena mah!”

Ki Mulangpurwa laju turun, keuna leuweung tepus anu bala, mapay gawir anu lukutan anu leueurna kabina-bina…. tapi sabab sieun ku nu tulak cangkeng neuleukeun di tonggoh, nya inyana nepi-nepi ogé ka juru talaga ruhureun caina ngebul baé. Laju deuk sibeungeut, tapi caina laju orot ! Liang mata cai anu aya dina batu beureum anu nonjol, ku inyana ditutupan ku irung inyana. Barang inyana cengkat, nyebrot cai jiga diburakeun kenceng jasa, nyemprot ka beungeut Ki Mulangpurwa anu kareuwasan meh baé ngajeblag keuna talaga.

Bray ku inyana kabéh kadeuleu teges : Sakur anu aya nu ngajugrug

Sakur anu aya tapi hanteu ngajugrug, anu deukeut, anu jauh, anu deukeut aya kénéh, jeung nu deukeut anggeus liwat, anu jauh rentang-rentang ti nu anggang baris datang dina jaman bakal kasorang !

Ceuk inyana bari gogodeg : “ Aduh, aduuuh…. baruk geuning kiiieu…..!”

Inyana ngalieuk ka Rakéan anu dina sisi gawir keur cangogo dina tunggul, keur ngelepus ngudud dun kawung !

(56)

Ki Mulangpurwa gogodeg deui, laju nyampeurkeun Rakéan. Sabari nyuuh, inyanha numpangkeun suku Rakéan kana hulu. Tapi sukuna ditarik deui ku Rakéan sabari ngomong : “Ngarah kula katulah ? najan hulu dia jiga sabut kalapa ogé, lain pieun ngésédkeun suku kaula !”

Ceuk Ki Mulangpurwa bari nyembah acung-acungan : Tobaaaat karuhun ! Ngan dia anu ku kaula hanteu kadeuleu teges ! Tétéla, dia téh karuhun najan hanteu jabrigan ogé ! Sabab dia mah, Sebuuuut jelema, da sagala nyaho !

Sebuuuut kalangkang, da ngawaruga ! Sebuuut ngawujud, da hahalimunan ! Naueun atuh seja dia, putra déwaaaa……….. !”

Ceuk Rakéan : “Kaula keur nyiar jalan anu samar, nutur galur nu geus lebur, mapay lacak nu geus hanteu katara ! Kaula mah ngageuing anu hanteu aréling, keur sarasar kamalinaan ! Mudu nitah dia sasadia pieun ngadegkeun Lawang Sakéténg ! Coba ayeuna pangdeuleukeun, wayah iraha mudu kaula muka kedok?”

Ceuk Ki Mulangpurwa : “Kadeuleuna, dia mudu nanggoan heula loba wayah di sababaraha jaman. Dengekeun ! Amun engké jaga aya anu ngararang atawa ngarobah carita pantun Pajajaran, masing dia nyaho, tah I n y a n a anu jadi raja Panyelang. Tah Inyana pisan MUSUH SUNDA PAJAJARAN. Buka kedok inyana ! Laju datang engké wayah : Somah ditaritah nyarambat Karamat, Laju ditaritah nyunyuhun jimat, ditaritah ku tukang sunglap !

Anu jaradi tungkang suinglapna ? Nya inyana anu nyarieun sagala loba. Loba bapa, loba aturan:

Anu ngatur mudu ka kalér,

Anu ngatur mudu ka kidul,

Anu ngatur mudu ka kulon,

Anu ngatur mudu ka wétan,

nepi ka loba aturan pabeulit aur-awuran !

Sabab anu jaradina bapa, lain bapa anu ngatur, lain bapa-bapa anu nyaraho aturan, tapi bapa-bapa anu ngalangkahan kabéh aturan, narindakna nyompor ka kolong …. !

Ceuk Rakéan : “Naeun sabab nyarompor ? Nyaromporan aturan !”

Ceuk Ki Mulangpurwa : “Barudakna barangor”

Ceuk Rakéan : Sabab barangorna ?”

Ceuk Ki Mulangpurwa : “Bapa-bapana nyarontoan!”

Ceuk Rakéan : “Lajuna ?”

Ceuk Ki Mulangpurwa : “Ku lobana aturan, lobna aturan hanteu jaradi deui aturan. Laju anu ku dia geus dibaruka kedok, ngatur séwang-séwang maruka deui kedok ! Sing waspada, sabab dina kedok anu anyar, maranggung deui anu harayang ngajungjung ngaran SUNDA, tapi DINA SEJA PIEUN NGABEUBEUTKEUN bangsa SUNDA ! Arinyana maranggung di wayah karancolahna anu hanteu bareunang diélingan ! Bukaan kabéh kedok arinyana. Sabab jagat geus ménta dilokat ! Tah, di wayah panglokatan jagat, wayah dia muka kedok …..!”

Laju Ceuk Rakéan : “Lot ! Déngékeun ! tanggoan di dieu. Kaula deuk ka lebak deui, ka Leuwi Ki Pataunan. Deuk nyokot makuta raja. Ku Kaula deuk dibalangkeun ka dieu. Sanggap ku dia, laju sumputkeun di dasar talaga. Ulah aya anu nyaho lebah-lebahna, séjén ti dia sorangan. Sing buni, kaula ogé teu meunang nyaho ! Sanggap ku dia. Amun hanteu kasanggap, éta makuta baris ngarungkup hulu dia ! Moal beunang dibuka deui !

(57)

Moal beunang dibuka deui, sabab ngarungkup nepi ka beuheung! Sanajan hulu dia nyunyuhun makuta ogé, dia mah moal jadi raja, sabab boro-boro deuk neuleu, ngomong jeung ambekan ogé, moal dia eudeuk bisa ! Boro-boro jadi raja, nyatu géh moal dia bisa !”

Ceuk Ki Mulangpurwa : ”Inggih !”

Ceuk Rakéan : “Tah geuning kara géh sibeungeut, geuning geus tambah pangabisa!Tapi leuwih hadé dia terus ngomong urang baé, beusi létah dia jadi heuras ! Tanggoan. Sanggap sing hadé, sumputkeun sing buni ! kaula nindak ….. !”

Rakéan laju nindak, nindak ka lebakkeun, ka leuwi Ki Pataunan. Ka leuwi anu baheula…..

Sanindakna Rakéan, Ki Mulangpurwa gogodeg baé, bari ceuk inyana: “Anu tadi téh, mooooal kituh keur nyilok deui baé ? Sabab anu nyaho éta mata cai mah, ngan duaan. Nya éta : Sang Hiyang Léngsér jeung ….. tukang pantun ! Anu sok nyingsieunan nyundatan téh, ngan tukang pantun. Tapi anu tadi mah, bau inyana séjén deuuuuuui…., jeung hanteu katimu ku pangdeuleu anu tadi mah ! Boa-boa heueuh Hiyang Léngsér ! Da ku inyana mah, montong teuin di pantar ngaing, Hiyang HANDEULAWANGI ogé, mindeng kasilok ku duwa lengser: Léngsér Kahiyangan jeung Léngsér Kawah Hiyang, anu dua tapi hiji, anu hiji mindeng misah …. ! Mending amun nyilokna dina Hiyang Léngsér Kahiyangan, tapi amun nyilokna dina Léngsér Kawah Hiyang, cilakaaaaa baé cindekna sakabéh Hiyang-hiyang jeung karuhun ! Dasar Sang Hiyang Léngsér mah, Sang Hiyang Buruuuuuuung….. !”

Ki Mulangpurwa anu jadi karuhun satonggoheun Talaga Wana, laju tangogo bari kukulutus dina bogor sisi gawir, nanggoan makuta ragag…. !

========================

Tunda !

Keun sina cingogo, dina tunggul kawung sisi gawir, sina nyanggap makuta murag, nu ragagna ampihaneun, teuleumaneun ti talaga …. talagana dina rasa tina haté nu rancagé ……..!

Urang mah ulah nagog kukulutus ! Urang tuturkeun Rakéan …..

Caturkeun inyana anggeus aya di lebahan kiwari ayana lembur MéGA MENDUNG, Mégamendung beulah kidul.. nu mendungna lain angkeub, tapi mendung nu deuk bédah ti beulah wétan ! Ti lebah dinya kadeuleu teges lapat-lapat di kajauhan, lebah dayeuh nu geus euweuh … tapi najan euweuh, kadeuleu teges di katineung ! Dayeuh Pajajaran bener anggeus musna … ngan kari urutna wungkul anu hauk jiga rarahan, tapi… najan lapat-lapat, tetep ngadeg dina angen ! Rakéan ngenes…. gemes… tapi eudeuk kumaha ? Saha anu bisa ngahalang-halang tutunjuk waktu, tatarajangna jaman ?

Saha ?

Mémang alam bisa dipénta supaya nurutkeun kahayang jelema, buktina, najan bisa disarang, halodo bisa dipatok, manuk ungkut-ungkut mah karahan, bisa dijurung eunteup sina ngagendam, mawa pélét deukeut ka soré, maut-maut haté nu di jauh …. !

Mémang, jelema bisa NGAROBAH alam. Buktina, gunung-gunung diwuwuda, abéh saraat walungannana…. Alam mémang jiga bisa diparéntah ku jelema. Tapi saha anu boga rasa geus bisa marentahna, mudu nyaho datangna pamulang, inyana baris diparéntah ku alam !

Jelema anu kitu embung nyaho, manusa téh bagian tina alam. Tapi ku pangawéruh, inyana kapangaruhan ku angkuh anu jadi kasombongan anu misahkeun inyana ti jero kalangan alam ! Jelema kitu, embung ngarti, alam téh lai bagian ti inyana, tapi

(58)

inyana téh, bagian kabogana alam …….. !

========================

Rakéan nindak deui, ngaliwatan ka lebahan nu kiwari aya lembur sisi Ci Jayanti …. ka Nagrak anu baheula … laju ka Bantar kemang nu harita acan aya….. Inyana alak-ilik deui …. teges kadeuleu anu baheula disebut alun-alun Tanjung Salikur,… tapi anu harita kadeuleu Rakéan, tanjungna euweuh salikur. Ngan kari opat anu anggeus baréto kabarerang, daunan deui kembangan deui …..

Teges kénéh kawauhan, kulah-kulah di taman anu baréto disebutna Taman Mila Kancana… anu harita mah ku Rakéan témbongna jiga pamuruyan tengah rarahan ! Kulah-kulahna loba anu bédah, pinuh jujukutan anu jarangkung. Ki Pahit jeung Suket-rawa… taratena mah anggeus paraéh ! Gintung anu tujuh narangtung kénéh dadaunan deui … ngan dayeuhna … kari ngaran di urutna, kari sebutan dina carita…..

Ancal-ancalan di dieu di ditu, aya imah saung sababaraha, dina taneuh urut dayeuh anu harita sabagian jadi huma…..

Inyana laju nindak deui ka leuwi anu harita mah aya kénéh, nu legana jiga talaga jeung ngaranna LUEWI KI PATAHUNAN… jeung kiwari moal aya anu nyaho di mana lebah-lebahna…. sabab Leuwi Ki Patahunan Pajajaran, ayana di talaga panjang nu ngaranna TALAGA KAMALA- REUMA – WIJAYA anu kiwari mah kari urutna… nyanghulu ka BANTAR PEUTEUY, nunjang ka lebak Pilar.

Rakéan laju nyiar hantap anu sapasang handapeun jabon gedé anu doyong… nyiar lebah nu aya sodongna, palebahan cayotan buburialan… nu nyeot ka jero taneuh, sabari ngaguruh cara curug ….. Inyana nyiar di lebahan anu geueuman, anu keueungna mantak ginggiapeun anu teu ludeung. Tapi Rakéan mah hanteu keueung ! Sabab inyana mah nyahoeun doi wayah jeung di kumahana mudu asup keuna sodong ! rakean teuleum…. teu kungsi sabaraha kebelna, inyana timbul deui, sabari nyunyuhun makuta alus jasa. Makutana tina emas, diukiran kembang tanjung, jeung tarate nu kuncup kénéh, ditarétés ku permata gugurilapan.

Barang inyana eudeuk hanjat, inyana kadeuleu ku anu keur nguseup di beh girang. Rakéan deuk teuleum deui, tapi kaburu disampeurkeun.

Ceuk nu nyampeurkeun : “ Naeun tah ?”

Ceuk Rakéan : “Makuta!”

Ceuk nu nyampeurkeun : “Makuta naeun ?”

Ceuk Rakéan : “Emas!”

Ceuk nu nyampeurkeun : “Lain kitu, anu saha ?”

Ceuk Rakéan : “Barétona boga Raja Pajajaran ! Tapi ayeuna mah, kaula anu boga!”

Ceuk nu nyampeurkeun : “Kadieueun ?”

Ceuk Rakéan : “Ku naha ?”

Ceuk nu nyampeurkeun : “kadieueun baéee ! Sabab kaula anu bogana! Sabab ieu nagara geus lain bogana deui Raja Pajajaran, tapi bogana raja séjén! Kaula di dieu bopatina !”

Ceuk Rakéan : “Ti mana datangna maké jadi bopati?”

Ceuk anu hayang makuta : “Ti wétan!”

Ceuk Rakéan : “Asa ku hanteu merenah ! Hanteu jiga !”

Ceuk anu hayang makuta : “Kiwari mah, lain teureuh anu dipilih. Tapi kabisa. Ari kabisana mah, naeun baééééé….!”

Ceuk jero pikir Rakéan : “Pantes deuk sagala-gala aut-autan ogé !” Laju Ceuk inyana : “Baheula mah, bopati téh ukur bener-bener rarupa menak téh, dimudukeun

(59)

mudu pinteur, tapi dia mah, kadeuleuna rada béda !”

Ceuk anu nyampeurkeun méntas nguseup téa : “Tétéla sia lain urang dieu ! Lain somah ngaing ! Sabab can neuleu di dieu aya anu sajoré sia ! Sia ka dieu tangtu eudeuk babadog !”

Rakéan eudeuk ambek, tapi nahan heula. Laju ceuk inyana : “Sora joré patut mah, teu mantak naeun-naeun ! Tapi amun rupa pangagung nyeples tukang nyadap tuak, asa-asana téh moal béda keuna maréntahna…..!”

Bopati anu resep nguseup, anu hayangeun makuta jeung rupa inyana jiga tukang nyadap, nya karuhan inyana ngambek. Laju narajang, der gelut, gelut… garelut marebutkeun makuta, garelut sabab séwang-séwang rasa dihina ! Rosa jasa garelut arinyana, sabab bopati éta jawara wétan anu ku raja wétan dijenengkeun bopati. Saba dina urusan sinembah anu anyar, inyana loba jasa pangawéruh, jeung ku galak kabina-bina, inyana dipikasieun sakabéh somah ! gagah jeung sakti mapadan JAYA ANTéA.

Urang caturkeun garelutna. Gelut jaman baheula mah, beda ti gelut jaman kiwari, komo gelut dina carita pantun mah ! Baheula mah, ari gelut téh kacaritakeun nepieun aya poéannana…. ledeg taneuh urug gawir, rarungkad jeung tatangkalannana !

Rakéan geus kadéséh, sabab mudu gelut sabeulah leungeun. Da anu kenca mah nyekelan makuta. Barang inyana keur dicekék, inyana ngaleupaskeun makuta. Makuta dirontok bopati ! Harita kénéh, makuta ku Rakéan disépak kenceng jasa, mecleng ka tengah-tengah leuwi. Nyépakna dibarengkeun jeung neunggeul puhu ceuli musuh, disusul jijekan anu nenggel keuna cangkéng bopati anu deuk ngarontok makuta. karuhan bopati tukang nguseup anu jiga tukang nyadap, inyana hanteu éling …. dalugdag-daligdeug ngagoloyong keuna leuwi, leong palid …. modar !

Modar, sabab najan pinteur ngojay cara lauk ogé, ari tikecebut eukeur teu éling mah , nya tikerebeeeeek…..

(Ceuk anu nyaraho di caritana, éta bopati téh ngaran inyana KIAI JAWARéD. Inyana mémang sakti. Ceunah mah, inyana hanteu paéh, tapi barang kecebur keuna leuwi téh laju ngileus. Engké jaga, inyana baris adatang deui. Datangna hanteu nyorangan, tapi mawa loba batur. Inyana datang jadi urang bangsa ANGGRIS, diiring-iring loba nu harideung, loba anu barulé. Tapi anu harideung mah, hanteu kabéh ngilu ka inyana, sawaréh mantuan urang. Arinyana di urang hanteu lila, ngan saukur salila haneut poyan !)

Anggeus musuh inyana kadeuleu palid, Rakéan teuleum deui nyokot makuta. Anu leutik, ku inyana disumputkeun dina sodong di beulah wétan. Laju inyana hanjat sabari mawa makuta anu gedé. Laju harita kénéh dibalangkeun….. engkéna nepi ka Talaga Wana, disanggap ku Ki Mulangpurwa, disumputkeun di dasar talaga …. di tonggohna, dijaga ku Ki Mulangpurwa, di dasar talaga, dijagaan naga anu engké mudu beunta!

Rakéan nindak deui. Inyana hanteu engeuh keur gelut téh, aya anu neuleukeun. Nya éta tujuh lalaki di kajauhan keur araya di huma séwang-séwangan. Nareuleukeun baé, ari ngadareukeutan mah hanteu. Ngadeuleu Rakéan unggul gelut, arinyana buru-buru moro. Lain moro cara moro monyét, tapi moro nyampeurkeun bari atoh. Laju sasalaman…. ”La-i-kuuuuum…..”

Rakéan hanteu sasalaman, inyana ngajanteng baé, bingung …..

Ceuk nu nyampeurkeun : “Sukur, Ki Semah, sukuuuuur !”

Ceuk Rakéan : “Ku naha nyukur-nyukur kaula ? Apan anu paéh téh, bopati dia !”

Ceuk nu nyampeurkeun, pangkolotna : “Bopati sato, Ki Semah, éta mah lain jelema, boro-boro manusa ! Bengisna leuwih ti dedemit, galak leuwih ti sétan, sarakah jeung rarampas. jeung hanteu kaop salah saeutik, sakali gaplok, kadua bedog …. !”

Ceuk Rakéan : “Kaula maéhan bopati, tangtu raja dia ngukum kaula!

(60)

Ongkoh kaula mah lain urang dieu !” Inyana ngomong sabari nelek-nelek, neges-neges anu tujuhan…. tétéla, satujuhna urang Pajajaran, tétéla urang panamping anu baréto ditamping sabab garanti sinembah!

Ki Jiba. anu pangkolotna pangbongkokna, Ki Topo, anu kolotna rada ngoraan tapi bongkokna meujeuhna ogé, Ki Seunu, aki-aki anu pangngorana, Si Meuti anu keur meujeuhna ngolotan, anu keur budakna nyorang gelut ngalawan kunyuk. Anu tiluan deui mah, anu baréto barudak kénéh !

Rakéan tenget ka arinyana, tapi sabab Rakéan salin rupa jadi joré, anu tujuhan mah hanteu tarengeteun ka Rakéan !

Ceuk Ki Jiba anu pangkolotna : “Ki Sémah ! Mémang, samuduna mah anu jadi kokolot téh urang dieu ! Tapi pieun somah mah, lain asal datang ti mana atawa saha, tapi saha anu béla somah, tah éta tangtu anu dipiluan ! Najan urang mana urang mana ogé, ari ka somah hadé raksa hadé ajak, hadé jeujeuh jeung deudeuh, hadé ngatur, saeutik catur, méré bukti nu kaharti, ari jangji tangtu jadi, moal somah mudu dititah. Sabab lain paréntah anu diturut ku somah téh, tapi kanyaah somah, anu nurut ka anu maréntah !”

Rakéan hanteu sanggup jadi kokolot, sabab inyana mudu nindak deui, mudu ngalalana nanggoan wayah, wayah inyana mudu muka kedok, anggeus mukaan kedok-kedok anu ngaralakon!

Rakéan nindak. Anggeus inyana rada jauh, ceuk Ki Jiba ka batur-batur anu genepan : “Ti tukangna mah, jiga Rakéaaaan anu baheula bageur ka kabéhan! tapi beungeut inyana, ieu mah ku joré jasa ….. Batur, moal kituh éta téh anu ku urang disambat saban peuting maké mantra anyar ? Amun heueuh enya, geuning kiiiiitu karuhun sabrang téh, nya batur ! Saban peuting urang sasambat abéh leupas tina siksaan bopati. Ayeuna kurunyung Karuhun jiga lutung, Nya suuuuukur, karuhuuuuuun ! Joré patut gé da hadé tulung…. hamdulilah, nuhun, nuhuuuuun !”

Anu tujuhan laju nyarembah. Ka saha nyembahna mah, nyao teuuuin….!

Moal, moal ditunda !

Atuh ari ditunda ditunda deui mah, moal gancang eudeuk kateundeun di haneuleum sieum pieun anu baris nyarampeur…. moal eudeuk datang datang wayah hanjuaneun anu narineung …..

Urang caturkeun baé Rakéan !

Inyana nindak deui, seja inyana ngalongok urut taman. Taman Mila Kuncana anu geus bédah ! Inyana ngaliwatan Hanjuang Siang nu sadapuran jeung Suji Domas, sisi taman beulah wétan, sisi pisan kulah nu geus saat !

Pikir Rakéan : “Dimana-mana Hanjuang Siang geus teu kadeuleu aya, tapi di dieu aya kénéh Pakujajar !” Laju ngadeukeutan tangkal Ki Paharé anu gedé ! Inyana ngejat deui, sabab suku inyana asa nincak seuneu ! Taneuhna panas mani cara seuneu…. Ceuk inyana : “Salila di Pajajaran, ngaing can nyorang neuleu ieu taman anu disarebut Taman Sangar téa ! Ari kieu mah, ngaing percaya keuna sangarna !”

Keur sosoranganan ngomong kitu, pelengir baé wangi menyan Pajajran, disusul arum kukus Jayanti wangi kamuning !

Ceuk Rakéan : “Bener sangar ! Tapi saha anu ngageugeuh di dieu ? Tiiiilok aya kénéh Karuhun anu tinggaleun ? Apanan ceunah, ku sinembah anu anyar, moal aya deui Karuhun Pajajaran anu nyésa????”

(61)

Laju inyana mapatkeun rajah paringgaan, disambung ku rajah paneja… tapi euweuh kadeuleu aya nu némbongan.

Ceuk inyana : “Karuhun sabrang meureun ! Hayang neuleu dirupana…” Euweuh anu némbongan kénéh baé. Ngan melénghirna menyan Kamuning, tambah banget mingkin wangi…..

Ceuk Rakéan sabari luak-lieuk : “Tétéla ari Pajajarannana mah. Tapi sasaha anu di dieu jang panggeugeuh ? Kaula Pajajaran, dia ogé Pajajaran! Dia saaaaaha, karuhuuuuun ?”

Harita tangkal Hanjuang anu panggedéna laju gedag jiga anu nepak…. bréh dina kayu tangkalna aya KUJANG dikadékkeun !

Ceuk Rakéan : “Amun hanteu salah deuleu, kujang anu kitu mah, boga Ki Guru Sekar ! Amun bener boga inyana, boga ki Guru Sekar Santarupa, coba éta kujang sina mere tanda anu moal sulaya !”

Harita kénéh kujang nanceb dina congona !

rakean laju nyembah : “Baruk geus jadi karuhun ?! Aki, kaula hayang nyarita eujeung dia. Bisa kaula nyarita ?”

Euweuh anu ngajawab, jaba ti sora angin leutik ngérésékkeun daun hanjuang…..Rakéan nyeukeut-nyeukeutkeun pangdéngé sora haréwos, sora déhém aki-aki…. Laju kadéngé deui sora haréwos tukangeun inyana “Acan wayah, kaula nyora. Tapi kaula deuk nyarita, dina sora anu kieu, jeung sakeudeung baé ! Dia bener Rakéan! Sabab dina dada dia, di jerona, ku kaula mah kadeuleu teges tanda anu ngan ayana di Pajajaran Sunda nu keur lara ! Tanda éta ! Anu hurung jiga ruhak, tapi kabulen lebu!

Rakéan déngékeun !

éta kujang kaula, pangmikeunkeun ka jelema nu hirup inyana balangsak baé, bari kukuh napak dina benerna hadé, jeung tetep dina hahadéna benerna kabener! Najan rupa inyana mantak cangcaya jeung sagala-gala mantak curiga, masing dia nyaho, inyana téh Pajajaran minda raga, anu diparajarkeun nista ku mata anu ngarewa, nu diham ku tatangga, dipikagiruk ku urut batur, tapi dipikabarutuh ku sakur anu baringung, ku anu sarusah meujeuh keur payah!

Pangmikeunkeun ka inyana, sabab inyana :

Anu baris mudu nyabrangkeun walungan tanpa sunggapan

Anu baris mudu ngojayan sagara tanpa basisir,

Anu baris mudu nau …. sagara Sabdawarna ….!

Tapi kujangna, mudu dicokot ku inyana ! Dia mah ngan saukur nuduhkeunnana ! béjakeun !

Mudu ditéangna, wayah janari, meujeuh gelédég patingjelegér, dipeutingan poék bulan, jeung ti sareupna nepi ka brayna, guludug patinggulugur terus-terusan ….!

Béjakeun !

Ieu hanjuang amun kari ngaran samar catang ulah inyana eudeuk nuar, sabab engké jaga, amun tina Pakujajar sadapuran, kari Suji Domas anu nyésa, engké méntas aya anu karep eudeuk ngaruksak, tangkalna baris sempal, reunggasna potong sorangan, inyana mudu nohagaan dawuan di Ci Kabuyutan. Tapi anu maéhannana lain Sunda Pajajaran !

Rakéan !

Taneuh di lebah dieu, saratus jeung sapuluh tahun, moal aya suku anu sanggup nincak, séjén ti inyana anu baris narima éta kujang !

Siar ku dia éta jelema ! Inyana bakal kasampak di pangparatan WARGA

(62)

SUWUNG, di wayah opat sagara, lautna pada ngagolak cara cai piasakkeun dina kancah !

Béjakeun ! Kujangna mudu disarangkaan dahan Pakujajar, Hanjuang Siang Lalayaran……………”

Sora haréwos laju leungit, cara aweuhan celuk dipangku angin, jiga ngalayang ka anu anggang …. laju lebur, leyur… nyampur hiji deui keuna ngalindengna sawara alam……

Rakéan, Rakéan Kalang Sunda, laju nyembah, nyembahna ka anu ngaleungit, ka sawara tanpa rupa, nu celukna engké baris nyurup keuna gelegerna génjlongna jagat anu jadi tegal pangperangan …..

Rakéan laju nindak deui ! K a m a n a ?

Ka jaman anu bakal datang ka wayah baris makana sakabéh anu maraké kedok salila arinyana maranggung dina panggung meungpeung-meungpeung, meungpeung-meungpeung arinyana barisa kénéh nyaringsieunan somah, meungpeung-meungpeung banténg acan ngamuk……!

Urang caritakeun heula !

HANJUANG SIANG NUNDA NGARAN Anu kiwari ngari kénéh ngan, Suji Domas sajajaran anu ayana hanteu jauh ti anu kiwari disarebutna LAWANG GINTUNG ! Lawang Gintung anu kiwari, lain Lawang Gintung anu baheula, sabab lawang gintung Pajajaran, éta mah anggeus musna, runtuh ku kebelna waktu, eunyeuh ku tatangkalan nu jaradi di ruhurna !

LAWANG GINTUNG PAJAJARAN, Pajajaran anu baheula, ayana satonggoheun kiwari aya karét kebo anu gedé, beulah wétan rada ngidul…… // kiwari = 1908! //

Ceuk carita anu nyaraho kajadiannana !

Di lebahan éta Pakujajar anu kiwari aya kénéh, mindeng kadeuleu di waktu peuting aya anu ngagebur hurung, caangna semu-semu héjo….. Amun disampeurkeun, anu ngageburna laju ngileus, tapi anu nyampeurkeunnana laju harudang bulu punduk inyana.

Ceunah, kungsi aya budak deuk ngala daunna pieun parab embé. Naékna mah éta budak téh kadareuleu, tapi laju leungit dina gumpulkan daun anu kerep di ruhur tangkal.

Ceunah kungsi aya Kiai anu kasohor eudeuk nuar éta tangkal, di imah kénéh inyana ngadadak kémpér mantaré…..

Kungsi sababaraha kali anu ngaheureuyan éta tangkal, hanteu lila laju paéh handapeunnana, atawa paéh anggeus nepi ka imah…. anggeus ngaco heula teu bisa ditambaan ku dukun-dukun anu lalepus !

Ceuk anu nyaraho di ugana, éta Pakujajar baris dipindahkeun….. ! Amun dipindahkeunnana dijieun papajang taman, tah éta tandana RAJA anu NGADEG téh, raja anu kawarisan PAJAJARAN, Pajajaran anu anyar. éta raja baris terus banjaran dina jayana, ngabuburak kabéh raja panyelang anu arédan keur senang-senang. Raja-raja penyelang anu balageur ka somah jeung barener laku lampah, ku éta raja ditaraékkeun pangkat jeung raja dipupuji sakabéh somah anu disina sangsara balangsak sakitu lilana……

Anu ceuk ceunah, sok kadeuleu ngagebur hurung, éta téh naeun?

Ceunah mah KUJANG anu geus ménta ditéang. Ceuk ceunah deui, anu ngagebur mah. HANJUANG BODAS tangkal pupundén, pupundén Pajajaran … anu engké jaga baris témbong, pakéeun Raja nu kawaris Pajajaran. Pakéeun inyana dina perang jagat keur dilokat, dina perang anu diheulaan ku perangna caang merangan poék, perangna bodas merangan hideung !

Cag tunda !

Hanjuaneun di séjén wayah, sabab pamali amun mantun kabeurangan ! Urang teundeun heula di haneuleum kasieuman, nu sieun ku anu hanteu arengeuh. Langit beureum sapaméntangan, béntang konéng ngabaranang …… !

Catetan :

Rawayan = runtayan / rundayan

Taram = breng

Buritna = ahirna

éwéna = pamajikannana

Kebelna = lilana

Binuang = diuber-uber

Bulu borang = bulu dina indung suku

Ngadanieun = nyadarkeun

Dani = sadar, éling

Basa = waktu, eukeur

Basa = omongan, ngomong

Bogor = tunggul kawung

Talaga Reuma Wijaya = Talaga Kamalajaya

Kadongdon = kapariksa, kabokér

Ieu Kenging nyutat tina blog anu sanes sareung mailist

Réngsé disalin deui : tanggal 13 Februari 2002

1 comment:

jacyvahl said...

Las Vegas - Best Casino and Resort in Las Vegas, NV | Dr.MCD
Welcome to the 용인 출장안마 MGM Grand Hotel 태백 출장마사지 and Casino, where luxurious accommodations 동해 출장샵 and world-class dining await you at the 대구광역 출장안마 MGM Grand 의정부 출장샵 Hotel & Casino.

Post a Comment