Sunday, September 6, 2009

UGA WANGSIT SILIWANGI (Carita Ngahyangna Pajajaran)





Carita Panungtung Ngahiangna Pajajaran

Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!

UGA WANGSIT SILIWANGI

Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang: Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar,

ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.

Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon!

Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura narindak!

Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!

Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada!

Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.

Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.

Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.

Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal!

Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon.

Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.

Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran.

Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana aseupan............................. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.

Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.

Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!

Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.

Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawéné!

Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.

Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!

Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!


20 comments:

Richadiana Kartakusuma said...

cing naon tah hartosna "TONG NGALIEUK KA TUKANG" teh,...

Kisunda said...

punten nembe kapendak aya comment didieu (tos ditambuhan widget kanggo milari koment ayeuna mah) ari pamendak sim kuring mah anu dimaksad 'tong ngalieuk katukang" teh nyaeta: ulah ragu ragu jeung ulah kajadian anu geus lila terus dinget inget anu balukarna teu tiasa mayunan deui kajadian anu bakal datang. kajidian katukang mah ngan ukur dijadikeun enteung yen kasalahan anu geus dilakukeun teh ulah nepi kajadian deui. kita tah

Yayan said...

sumber na timana kang naha ti pantng bogor .. nuhun

Anonymous said...

punteun...upami di baca bolak balik ieu uga wangsit siliwangi teh hampir sami jeung ramalan ronggowarsito...aya korelasina kitu kang?? atanapi sepuh sepuh kapungkur sigana mah langkung visioner...jeung asa kabuktian di jaman kiwari...urang antosan we eta si budak angon-sabda pawon-satria piningit-ratu adil teh...mugia Nusantara jaya deui...

TEDDY SMP 3

Kisunda Ngalalana said...

Kang tedy, muhun mirip tapi tak serupa, pami ninggal kana yuswa ieu naskah rupina payun uga wangsit (sok sanaos rada pro kontra). mangga pilari saha atuh budak angon teh?? :)

a.ruli bahtiarudin said...

RAHAYU SWASTI ASTU NIRMALA SEDA MALILANG , PUN!!!
SAMPURASUN...

Kahatur kang...

Dupi sumber "UGA WANGSIT SILIWANGI" teh timana??

gening tos aya AMBU diluhur...heuheuheu...

ande araha said...

sampurasun.....
wilujwng tepang salam wawuh ti budak lemur.
kang,.. punten simkuring nyuhunkun pangngadongengkeun sajarah sumedang larang upami aya.
haturnuhun

kisunda ngalalana said...

hapunten nembe diwaler ayeuna leres pisan nyambung sareung anu aya dina pantun bogor, mung rupina ari sumber aselina mah keudah ngalangkungan penelitian mangga aya ambu manteuna langkung uninga.
kang ande insyaallah kin diposting

Anonymous said...

Lalakon urang ngan nepi ka poe ieu. Kitu ceuk Prabu Siliwangi samemeh ngahiang, hartosna meureun keur urang sunda teh bisa kacaturkeun dina ulubiungna dipamarentahan teh ngan nepi kaharita.

Mans said...

assalamualaikum kang, hapunten ngiringan maos sareng ngiringan masihan comment, ari ceuk sim kuring mah kang, kieu, aya babaraha iji anu bisa diala ku urang, tina uga paduka sri maharaja...

nu ka hiji, didinya disebutkeun kieu, "ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol." teras kalimah ieu "Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran"

ari ceuk sim kuring mah kang, eta kalimah teh ngagaduhan hartos atanapi panjabaran tina kaayaan ayeuna, yen di urut wilayah padjajaran teh aya deui nagara di jero nagara nu namina Indonesia, dimana di sisieun ci bantaeun / ci banten? di jarieun imahna kebo donggol nyaeta ibu kota indonesia....

teras kalimat "Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér!", dina kalimah ieu sim kuring mah gaduh kasimpulan yen dayeuh nu ditinggalkeun teh taya lian ti kota sundapura, anu tos di tinggalkeun nu ngalih ka pakuan, sawaktos taruma nagara janten karajaan sunda.

saterasna dina kalimah nu ieu "Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawéné!"

dina kalimah nu ieu sim kuring gaduh pemahaman, yen "lebak cawene" teh sanes nami kota atanapi daerah tertentu, tapi eta teh siloka, mun bahasa indonesia na mah, lebak cawene teh "kota perawan", sugan mun indonesia tos mindahkeun ibukota ka tempat anu anyar, nu tetep di wilayah pajajaran, tapi bener2 kota anyar, sanes anu tos jadi.

saenyanamah seu'eur pisan kandungan pesan2 nu aya di uga wangsit siliwangi teh, ngan abdi palay nyorot ka hal2 diluhur nu masih nimbulkeun kabingungan diantara urang sadayana...

hapunten kang bahasana teu pati sae, kumaha da urang karawang mah teu tiasa nyarios lemes,tiasana huak haok bari moyok, hatur nuhun ah...

salam ti sim abdi putra asli sunda galuh, ti karawang jeung kuningan...

kisunda ngalalana said...

sok mangga bilih aya anu bade nambihan deui

Anonymous said...

tarjamah uga wangsit siliwangi versi basa sunda

http://ugawangsitsiliwangi.wordpress.com/2011/02/15/uga-wangsit-siliwangi-versi-basa-sunda/

Anonymous said...

sampurasun ka hatur salam hormat sareng nepang keun sim abdi ti lembur singkur ka sadayana sareng ka kasepuhan: numutkeun abdimah anu bodo ku elmu sepi kupangaweruh, wangsit siliwangi teh nyarioskeun kaayaan dimana kajadian dina waktos harita, sareng gambaran/ramalan (pesan) kanggo mangsa kapayun (kanggo katurunan sareng rahayat pajajaran), nyaeta di mangsa wangsit (pesan/petunjuk) teh di kedalkeun ku sang Prabu, posisi sang Prabu nuju ka teter ku musuh na (salah sahijina tentara Hasanudin ti banten) kalimat "kebo bule, sareng tempat anu disebatkeun cibanteun" menurut pendapat abdi (koreksi jika salah) dimaksudkeun kanggo nyindir ka tentara hassanudin da hasanudin teh (upami teu lepat) nyondong keneh patulapatali kekerabatan sareng getih pakuan pajajaran, atuh pon kitu deui nyondong pesen kanggo mangsa ka payun na anu kedah ku urang sadayana dipilarian "tapak" sang Pajajaran anu NGAHYANG.. hatur nuhun, nyuhunkeun di hapunteun bilih nyondong salah ucap...

Anonymous said...

mugia nisantara jaya

Didiem drogba said...

Hapunteun Bade nyuhunkeun ijinCopas

Bagus said...

Sampurasun,!!! aduh asa kubagja

Unknown said...

Asskum...sampurasun para pinisepuh nu linuhung, nepangkeun...abdi koyong janten anggota pangregep manawi ditampi....n.

Anonymous said...

Sing waspada!! sebab ariyana bakal nyaram padjajaran didongengkeun. sabab sarieuneun kayahoanan, saenyana ariyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat.
Tah hartina naon? masih aya keneh ngamusuhan ka kaula dina poe ieu, atawa aya nu kasieunan bakal nantung jaya deui sunda-galuh teh

Uga Kawasen
nyebatkeun, : ari nu bakal jadi ratu, baju butut babadong batok, anu jolna ti Gunung Surandil, bandera na karakas Cau

Uga Galunggung
Nyebatkeun: Sunda nanjung lamun pulung turun ti Galunggung

Uga Bandung
Nyebatkeun : Sunda nanjung, lamun nu pundung ti Bandung ka Cikapundung geus balik deui

Uga Prabu Siliwinangi
mengungkapkan : Daréngékeun ! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé ang geus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati. (Dengarkan! jaman akan berganti lagi, tapi nanti, Setelah Gunung Gede meletus, disusul oleh tujuh gunung. Ribut lagi seluruh bumi. Orang sunda dipanggil-panggil, orang sunda memaafkan. Baik lagi semuanya. Negara bersatu kembali. Nusa jaya lagi, sebab berdiri ratu adil, ratu adil yang sejati).

Uga Priangan
isinya menyangkut tentang ramalan akan adanya perubakan kondisi politik, dilengkapi dengan tanda-tandanya.

Tah di wangsit aya kasebat: Sina ulah talangke, sabab talaga bakal bedah! jig geura narindak! ulah ngalieuk ka tukang! ieu teh geus diwanti-wanti ku urang sumedang mah, naon nu diwanti-wanti teh? nyaeta talaga jatigede

Salah sahiji Uga/ Ramalan Resi Aji Putih nyaeta upami Cimanuk janten dibendung jeung Bendungan Jatigede arek digenangan, "Cipelang Cikamayangan, Cimanuk Marigi Deui, Bandung Heurin Ku Tangtung, Sumedang Ngarangrangan, Kadipaten Kapapatenan, Cirebon Kabongbodasan, Ujungjaya Ujung Kajayaan, Warung Peti Tempat Mayit, Tomo Totolomoan, Sukapura Ngadaun Ngora, Galunggung Ngadeg Tumenggung.

Tah sakitu mereun ti kaulah mah hampunten upami lepat.

Unknown said...

Ulah aya pemahaman prabu siliwangi ngahiyang kang tapi karajaan na wungkul nu ngahiyan mah da prabu siliwangi ge jalma biasa da tos ngantun keun urang salarea ngan katitipan elmu pangaweruh nu jero kunu maha kawasa dugi ka tiasa ninggal jaman ka hareup na dugi ka sababaraha jaman dugi ka jaman na ratu adil engke na bakal kabuka deui naon nu di maksud padjadjaran anyar teh soalna urang sunda mah sejarah sareng budaya tos di lindih ku budaya jawa dugi ka nami bulan sareng itungan weton ge ngange itungan jawa mangga lenyepan deui aya keneh kitu urang sunda terangan kana bulan sareng itungan sunda sapertos nami bulan tanggal nu aya dina batu tulis bogor lamun aya mangga coment ka abi ngameh jadi kajian kangge abi anu poe keun ku tatangalan sunda

Unknown said...

Ulah aya pemahaman prabu siliwangi ngahiyang kang tapi karajaan na wungkul nu ngahiyan mah da prabu siliwangi ge jalma biasa da tos ngantun keun urang salarea ngan katitipan elmu pangaweruh nu jero kunu maha kawasa dugi ka tiasa ninggal jaman ka hareup na dugi ka sababaraha jaman dugi ka jaman na ratu adil engke na bakal kabuka deui naon nu di maksud padjadjaran anyar teh soalna urang sunda mah sejarah sareng budaya tos di lindih ku budaya jawa dugi ka nami bulan sareng itungan weton ge ngange itungan jawa mangga lenyepan deui aya keneh kitu urang sunda terangan kana bulan sareng itungan sunda sapertos nami bulan tanggal nu aya dina batu tulis bogor lamun aya mangga coment ka abi ngameh jadi kajian kangge abi anu poe keun ku tatangalan sunda

Post a Comment