Tunda !
Keun sina molor ! Ulah digandéngan, beusi hudang cara nu kasurupan, nyakaran samak nyingkabkeun samping, hayang mentil ka anu nyempil, hayang nyapaan lawang ka mandala jabrig …..
Urang mah, urang susul Rakéan Urang piheulaan …..!
Urang caturkeun baé, Urang mah geus aya di Ci Mandiri, beulah kalér sisi laut, ruhur ka-
(39)
rang anu pangruhurna, anu renggang eujeung nyodor, ruhur jasa ruhureun laut. Jeung handapna gorowong kohok, dibobok séblokna ombak nu neunggaran patinggulugur.
Urang aya di ruhur karang, dina poé anu panas, euweuh angin ngahiliwir, tapi di handap di suku karang, ting jalegur ombak anu neumbrag, pabuyar muncrat ngabudah jeung ngaguruh di sela batu nu pasoléngkrah sisi basisir….
Harita wanci pecat sawed geus kaliwat, tangari mimiti gépéng kadeuleu jauh di tengah laut tinggoloyong parahu payang. Sapuluh maragang layar, tapi hanteu karembung ditebak angin. Tapi gancang ngoloyongna, diboséh nyampeurkeun muhara ….
Sapuluh parahu gedé, leuwih gedé manan payang biasa, leuwih jangkung leuwih rubak jeung di luhurna tihang indung, ngélébét umbul-umbul coréléng beureum !
Dina karang anu ruhur nenggang, narangtung tilu jelema, ngarawaskeun nelek-nelek, negeskeun parahu ngadareukeutan…. parahu-parahuna jarauh kénéh jasa, tapi ku nu tiluan mah kabéhan !
Trong kohkol ti ruhur karang, ditihtirkeun …. disambung harita kénéh ku sora tihtir nu di lebak …. laju ramé sora tihtir di mana-mana !
Sadia batur sadia ….. pirusuheun keur nyampeurkeun !
Nyingkah-nyingkah ! Nyingkah nu marudu nyingkah !
Kumpul, batur kumpul. Kumpul mawa pakarang !
Sumputkeun ka jero leuweung, di nu buni ka nu anggang !
Awéwé reujeung cawéné, jeung budak anu laleutik !
Ulah aya banda tinggaleun ! Giring kebo ! Giring embé, giring nini-nini jeung aki-aki !
Sadia batur sadia ! Sadia bedog, kampak, sumpit jeung baliyung, gobang, taméng jeung jamparing, jeung halu nu bareurat, kayu sempur.
Aya naeun , tukang pantun, aya naeun ?
Aya bajooooooo !
Aya bajo, aya bajo deuk arunggah, deuk ngarampog jeung nyarulik !
Tagiwur salelembur, ti Cidadap anu baheula. Lembur gedé dayeuh leutik, nu rama kunu mangkalan, marawa géték turun ti girang nu parinuh numpuk dagangeun jeung hakaneun!
Tagiwur salega Cidadap, Cidadap anu baheula, anu ramé ku parahu eujeung kapal nu balabuh ti mana-mana.
Tagiwur … rusuh….. geumpeur …. haliwu salelembur ! Tapi euweuh sora budak nu careurik, euweuh sora awéwé patingjarerit. Da harita mah, urang Cidadap jaman baheula, béda deui ti urang Cidadap anu kiwari!….. Da heueuh ! harita mah harideng sakabéhan!
Kabéh anu ngarana lalaki, anu baredas nu jaragjag, nu karolot can aki-aki, jeung barudak ngarora, budak bujang, budak tanggung, kabéh geus pada sadia. Marawa pakarang sapakarang-sapakarangna, nyaregat di pameuntasan … dina rungkun sisi laut, dina tambak jero rungkun, dina rungkun sapanjang muhara …..
Hanteu cara loba urang dayeuh nu baréto,
marawa bedog papanjang-panjang, dipanjangkeun dina cangkang… ari musuh keur jauh kénéh ! Tapi ari musuh asup deuk ngarurug mah, lung bedog laju karabur …. Da heueuh !
(40)
Lain lalaki baé nu geus sadia marapag bajo, tapi awéwé géh geus sacarangcut pageuh, sacarawet purek … geus moal aya curuk bisa nyelap dikorobétkeun ! Moal lesot ku dibedol, moal udar ku dijeuwang….
Cawéné paréungkeur meujeuh cokcrokkeun,
Awéwé lagas parungkil meujeuh kenyoteun,
Rangda bareuneur meujeuh seuseupeun …. jeung awéwé baroga salaki teu boga anak, teu baroga salaki teu baroga anak, jaragjag eujeung garalak, kabéh geus sadia-sadia marapag bajo nu deuk hanjat, eudeuk raranjah !
Di saban pamegatan, baruni jero rungkun, tingdarepong awéwé-awéwé nu geus teu sabar harayang mareubeutkeun halu arinyana ka hulu bajo…
Urang Cidadap anu séjénna, éta mah pada bebenah, angkut-angkut eujeung gigiring, angkaribung ka pangélian … ngangkut banda, ngangkut paré, ngangkut nu garering jeung rarémpo … ngangkut sakur anu mudu dibawa jeung kabawa…
Ngarangkut bari gigiring, ngagiring bari sasabet, ngagiringkeung embé jeung bébék, ngagiringkeun kebo jeung éntog, ngagiringkeun budak dibawa nyumput….
Ku tagiwur-tagiwurna, loba nu angkut-angkut mani tikusruk ! Aya nini-nini kageumpeuran, nyényéréd aki-aki anu bongkok, nyényéréd bari sasabet … samaruk si nini-nini nu keur geumpeur, inyana téh keur nyényéréd nanarik badot…
Aya deui anu mamanggul bari sésépak, nyépakkan anu leumpang hareupeun inyana ! Majar inyana, dina kageumpeuran rarasaan téh najongan embé anu melid digiringna, jeung anu dipapanggul, rarasaan téh ku puguh mitoha inyana anu awéwé ! Padahal, anu dipanggul inyana téh, embé budug boga tatangga jeung anu ditajongan …. mitoha inyana anu awéwé … Ja heueuh!
éta mah nyao kasalahan rarasaan, sabab geumpeur, nyao teuing kumaha boa. Kitu téa mah kahaaaaarti…. sabab hanteu kurang-kurang anu ngarep-ngarep hayang bisa ngabebek mitoha !
Harita di ka-Puun-nan, tilu kokolot jeung nu jadi Puun, keur ngatur-ngatur pipetaeun ngayonan musuh ! Saha nu jadi Puun ? Nya Putri Purnamasari. PURNAMASARI PAJAJARAN, Putri bungsu tinu katujuh, nu mandiri sisi Ci Mandiri, di basisir sagara kidul.
Ceuk kokolot satiluan : “Nyi Putriiii, dia mah hadé unggah ka gunung, bari mawa Nyi putri MAYANG SAGARA!”
Ceuk Nyi Putri Purnamasari : “Kokoloooot ! Puun anu ninggalkeun somah jero bahaya mah, lain Puun teureuh Pajajaran !” Kula bener awéwé, tapi awéwé anu diadegkeun jadi Puun. Jadi puun anu diadegkeun ku somah sakabéhna. Sabab éta, kaula mudu jadi Puun téh lain baé ngan di keur sagala kera. Tapi ogé jero lara jeung bahaya, kaula mudu tetep jadi Puun ! Jeung perang mah, lain mudu disanghareupan ku somah bareng jeung somah,lain ku somah bareng jeung puun. Tapi mudu ku Puun ngahiji jeung somah ! najan kaula awéwé, tapi cukup weruh di ngaran perang !”
(Memang heueuh. Kawani dina ngayonan musuh di kalang pangpérangan, ayana lain di lalaki baé. Sabab gedéna kawani, lain dicirian ku beuratna gayot nu ditumpangan nu gedéna sagedé kohkol, jeung lain ku peupeungkeur kandelna anu ngagempit nu buni nyempil, tapi ku tegerna gedag léntab di jero dada !)
(41)
Laju ceuk Nyai Putri : “Ongkoh kaula kabina sono hayang neuleu deui gurilap burinjal sinar, nu muncar tina bedog dipapag bedog, tina gobang ditangkis kujang ! Jeung kabina sono hayang ngadéngé deui tingsaruitna panah anu nyaramber ! Kaula eudeuk aya du pusuk pamapag, di jajaran panghareupna ! Dia tiluan di jajaran pangburitna, di aleutan pangtukangna sabari ngajaga anak kaula !”
Ceuk Nyai Putri Mayang Sagara : “Ambu ! Nyai mah embung di tukang, hayang hareup panghareupna, hayang neuleu kumaha perang! Hayang dijajaran teu kahalangan, abéh teges lalajona!”
Ceuk Nyai Putri Purnamasari : “Perang mah lain lalajoaneun budak!”
Ceuk Nyai Putri Mayang Sagara : “Da, geus gedé ! Huntu nyai geus cuplak dua kali ! Apana geuningan ari Ambu dongéng perang, geuningan ceuk ambu, déngékeun ceunah, sing bener ! Ayeuna hayang neuleu perang enyaan ! Nyai deuk ngilu perang, cara Ambu baheula. Deuk maké bedog nu buntung béééé, abéh nyai ulah raheut!”
Nyai Puun Putri keukeuh nyaram, laju Nyai Putri Mayang Sagara ku kolot anu tilu dibawa bari dibébénjokeun, dibarawa ka jajaran pangtukangna, ka suku gunung leutik anu kiwari disarebutna PUNCLAK KADONGDONG.
========================
Tunda !
Tunda anu dibawa ka pangtukangna. Sina dibébénjokeun ngala kadongdong!
(Ceuk nu nyaho di béjana, dipajarkeunnana gunung Punclak Kadongdong, sabab baréto mah di salahsahiji punclakna aya tangkal kadongdong gedé jasa jangkung jasa. Tapi ceuk anu nyaraho di Ugana mah ngaranna téh lain punclak kadongdong, tapi punclak kadongdon. Sabab di lebah dinya engké mah n baris kadongdonna anu ngaku-ngaku Ratu Adil.)
Urang caturkeun heula anu araya di muhara, nangkoda-nangkoda kapal, anu marangkalan jeung balabuh ngaradon dagang datang ti wétan, ti kalér eujeung ti kulon, jeung nu karonéng saripit mata jeung buntutan ngambay ti hulu, harita kabéh geus pada sadia ! Sadia ngayonan bajo hanjat rarampog!
Kapal-kapal jeung parahu-parahu anu balabuh di muhara, sina didarayung maju ka girang, disarumputkeun di walungan Ci Tarik, di lebahan Batu Nunggul sagirangeun ngamuharana Ci Tarik ka Ci Mandiri.
Ngan hiji kapal anu hanteu kaburu bisa disumputkeun, sabab bocor keur diomékeun ! Nya éta kapal nangkoda anu konéng kulit mata sipit jeung ti hulu ngambay buntut ! Nangkodana mah eujeung batur-batur inyana anu sarua kulit sarua mata, jeung sarua pada buntutan di lebah hulu, arinyana geus sadia di pamapagan, tingdarepong di pamegatan ! Sakarep jeung seseja, sahaté jeung sakabéh urang Ci Dadap ! Deuk ngaralawan tutumpuran !
Caturkeun !
Sapuluh parahu bajo geus narepi ka basisir ! Hanteu kebel deui, ku sakur anu araya di saban pamegatan, kadéngé tina dua parahu baji panggedéna, patingjalegur sora cara gelédég, jeung kadeuleu ngebul haseup ngaburakeun seuneu ! Hanteu kebel deui, ka pangjagaan di muhara, murubut jiga batu sagedé- gede kalapa!
(42)
Urang Ci Dadap, kabéh pada rareuwas jasa. Sabab ti sabarang nyaho baroga hulu dua, jeung ti sabarang arengeuh osok getek mun ditoél, saumur géh kakara hariiiita neuleu gelédég bisa dileupaskeun tina parahu! Bener heueuh, batur, éta carita-carita bajo anu dipajarkeun pohara gagahna téh ! Heueuh, garagah ceunah, tapi ogé taralenges euweuh bandingna ceunah….
Karuhan nyah, deuk gagah unggul perang ogé, da geus barisa perang maraké gelédég !
Tuh deuleu ! Anggeus tilu batur urang sisaramber huntu gelap ! Tuh deuleu tangkal kupa mani sapat …. kebon kiray mani papak….
Urang Ci Dadap jaradi sieun, sarieun dipanték gelap ku gelédég nu dileupaskeun ti kapal bajo !
Tapi ceuk nagkoda nu buntutna dina hulu : “Ulah sieun, Kaka ! Di nagala kula mah, lain baé saban peulang, saban taun balu ogééé, malaké kituuu. éta mah lain kéléték lain kulutuk, éta mah booooo, éta mah lantaka ngalana … maliyem hayaaaaah !”
Laju ceuk inyana ka Nyai Putri : “Ambu Puun ! Peulang kieu mah, mudu cala maénpo. Ulah bélé atal, ulah undul-undulan, tapi angsleug, angsleug telus bééééé….!
Uang Ci Dadap, saringkil deui, hanteu jaradi sieun… sabab kadareuleu Ambu Puun arinyana mageuhkeun sampin dicawét-purekkeun, ngadangong di jajaran panghareupna ! Dada inyana dibeulitan pageuh karémbong cindé !
Kacaturkeun !
Dibarengan patingjalegurna walantaka, bajo-bajo tarurun ti sapuluh parahu. Lobana, loba jasa…. nayo tilu ratus nyao lima ratus, da lain eudeuk ngitung lobana anu tarurun. Mantakna araya di pamegatan ogé, eudeuk modaran bajo anu hareupeun…. Anu jarauh kénéh mah, podareun sakeudeung deui ari geus parek sahontal kujang !
Bajo-bajo tarurun sabari sarurak… dipapag ku urang Ci Dadap anu diluluguan Ambu Puun, dibantu ku sémah-sémah anu ngadon daragang! Najan bajo-bajo lobana mantak pikarisieun, tapi lobana anu marapag, moal kurang ti pimahieun, kolot ngora awéwé lalaki, ditambah barudak mareujeuh karasa uyahna !
Ger perang ! Perang, batur, perang rosa !
Perangna urang Ci Dadap, urang Ci Dadap anu baheula, dibantu sémah-sémah jeung batur-batur nu jukungna bocor keur dioméan, perangna rosa jasa !
Loba bajo patingjaroprak, méméh arengeuh labuh deuk paéh, loba bajo mararodar, méméh ngarasa napak di taneuh pageuh ! Kararojor!
Dicekék bari dikadék,
diringkus bari dicacag,
dikerekebkeun di leutak rancah !
Nyi Puun Purnamasari, perang deui cara baheula !
Tara gagal metakeun kujang,
sasunduk bajo opat anu nambru,
tajongan inyana nararenggel,
kelid inyana rikat bari ngababad !
Tapi bajo anu disanghareupan, lobana loba teuin ! Nyai Putri laju kakurung ku bajo-bajo nu karutap-kétap bari buringas, neuleu nu geulis sacawet heureut, keur heureut, nyeprét meulitna, nareuleu pingping beresih anu montok, nareuleu bujur mongplo piuruyeun….
Nepieun arinyana hanteu ngadareuleu kujang kokolépatan, ngajohjorkeun anu nyampeurkeun !
Kabéh bajo harayang néwak, harayang ngaboaan nu keur ngamuk ngan sacawet heureut ….
(43)
Loba bajo anu marodar, tapi leuwih loba bajo anu harayang ngabogaan nu keur ngamuk tapi geulis, nepieun hanteu kadareuleu kolépat kujang euweuh gagalna. Sabab anu ngan kadareuleu arinyana:
lain awéwé anu keur ngamuk, tapi awak beuneur, rupa geulis, eujeung lain awéwé sacawet purek, tapi anu nyawet lebah purek …!
Nyi Putri Puun kawalahan ! Urang Ci Dadap kawalahan… nya mararundur. marundur sabari ngalawan, ngalawanna sabari mundur… mundur… mundur… marundur nepi ka deukeut lembur…. bajo-bajo maringkin galak, maraju sabari ngahuru, narajang laju rarampog !
========================
Tunda heula !
Keun sina maraju heula !
Urang papag deui di lebahna,
Urang lawan dina wayahna !
Urang caritakeun heula Nyai Putri Bidadari Arum Wiyaga !
Inyana harita nepi ka sisi Ci Mandiri, palebahan kapal jukung anu bocor, nu digalang di darat di beulah kalér. Inyana alak-ilik, laju asup…
Kasampak jero kapal, ngan aya hiji aki-aki kolot jasa, kumis inyana mani ngarumpay, buntut anu ngambay ti hulu inyana, ngambayna nepi ka bitis, jeung kuku ramo sapuluhna, paranjangna mani sajeungkal ! Si aki keur nyanghareup ka arca. Arca awéwé geulis mata sipit, sajamang panjang nutupan suku … jamang panjang, jamang sutra, sutra konéng, sutra beureum, sutra gading disulam emas ! Jeung ditarétés permata mahal… Aki-aki anu buntutan di hulu, keur acung-acungan, sesembah nyekelan nyéré, anu hurung melenghir wangi …..
Najan éta aki-aki lain bangsa bidadari, lain manusa anu datang ti Kahiyangan, tapi Nyi Putri Bidadari Arum Wiyaga mah ngarti ka haté éta aki ! Sabab Bidadari mah,
nyaho di sagala basa,
jeung ngartina lain ngarti tina ceuli,
lain maca tina ucap, tapi ngarasa tina sora
anu medal ti jero haté nu keur nyarita!
Sabab bidadari mah, ayana di sagala bangsa. Ngan béda sotéh dina sebutannana!
Aki-aki téh eukeur nyambat, keur pupuntang ka para déwa, supaya bajo-bajo anu rarampog, cuculik bari peupeuncit, supaya diéléhkeun urang Ci Dadap !
Nyai Putri Bidadari laju ka ruar … kadeuleu ti ruhur kapal aya awéwé geulis nu sacawet, keur ditéwak opat bajo, dipaksa deuk ditangkarakkeun dina galengan …. Harita kénéh Nyi Putri Arum Wiyaga geus aya dina galengan. Jleg ngarupakeun awéwé anu nyeplés awéwé nu keur direjeng ! Bajo anu opat, arinyana harimeng jasa, apan keur ditangkarakkeun, apan keur nangtung tulak cangkéng?
Sabot bajo eukeur barengong, Nyi Putri Purnamasari motah sataker tanaga … laju…. lain opat kujang bajo, lain kujang nu ngabuhel dicongona pagantian nyundukan awak Nyi Putri, tapi opat bajo patingkarebek keuna rancah, anggeus disunduk kujang Nyi Putri Purnamasari ….
Nyi Putri Purnamasari himeng jasa neuleu aya awéwé cara inyana, sacawet cara inyana, jeung sagala-gala nyeplés inyana !
Ceuk Nyi Putri Purnamasari : “Nyi Sémah, saha dia, ti mana dia ?”
Ceuk Nyi Putri Bidadari : “ Ulah wara tatanya ! itu musuh loba kénéh. Hayu!”
(44)
Ceuk Nyi Puun Purnamasari : “Lain tandingeun ! Lobana mah hanteu loba teuin. Tapi di arinyana loba anu maraké sumpit, ngabeledég cara gélédég !”
Ceuk Nyi Putri Arum Wiyaga : “Keun éta mah bagéan kaula ! Jeuh ! Paké Perewit kaula, abéh dia ulah teurak ku pakarang !”
Nyi Putri Bidadari laju néangan sakur bajo anu marawa sumpit gélédégan. Inyana ngileus hanteu kadeuleu ! Diitung-itung aya tujuh likur anu marawa sumpit kitu, jeung aya opat kali opat bajo anu marawa lodong tina beusi, opat bajo hiji lodong ! Ku Inyana kadeuleu, méméh éta sumpit jeung lodong ngajelegér cara gélédég téh, geuningan dijejelan heula anu hideung jiga bubuk areng. éta bajo-bajo disampeurkeun ku inyana, laju wadah-wadah anu jiga bubuk areng, eusina ditukeuran ku keusik ti muhara ! Ti dinya inyana unggah ka parahu-parahu bajo anu aya mariyemna. Sakabéh wadah anu eusina pieun ngabeledagkeun gélédég, ku inyana dibanjur cai leutak, laju diaduk-aduk… meni jiga bubur jawawut kabarangna ! Ti dinya inyana mulang deui, nulung urang Ci Dadap nu keur ngalawan pohara jasa.
Sabab dilawan pohara bengis jeung garalak jasa, sakabéh bajo jadi rada culak-cileuk. Sabab salila jaradi bajo anu kasohor euweuh tanding, acan nyorang nyampak anu ngaralawan cara urang Ci Dadap! Andelan arinyana, nya parabot-parabot anu ngajelegér-jelegérkeun gélédég. Barang euweuh hiji-hiji acan anu daékeun ngabelekbek atawa ngajurujus, sakabéh bajo jaradi keueung ! Saméméh sarieuna sieun enyaan, arinyana narajang sakali deui, narajang rosa cara ombak laut nu keur motah ! Der perang rosa, anu rosana rosa jasa !
Neuleu perangna awéwé nu sacawet purek diheureutkeun mantak pihimengan jasa, bajo-bajo jadi kareueung tambah enyaan ! Sabab sakabéh pakarang euweuh anu bisa neurak, kabéh mariley cara malam amun antel ka awak inyana ! Jeung modaran musuh téh, inyana mah cara nindesan tumbila baé …..
Karuhan loba bajo anu kasima !
Kasima pangabisa Nyi Putri,
kasima kageulisan Nyi Putri,
kasima pingping putih nu parungkil,
kasima potongan awak beuneur piuruyeun,
jeung kasima ku nu ngagendok montok jero cawet anu purek !
Heueuh ! Perang bajo jaman baheula mah, hanteu saruuuua jeung perang na kumaha ogé ! Najan gagah najan bédas, kasima mah osok baaaéééé…
jeung tengah perang rorosana, bajo mah mudu baé panasaran, mun can néwak nu gagadil mun kagasir, nu ngalawan sabari tanggah ! Sabab ceuk jampé perang arinyana, amun geus paéh hayang hirup deui, mudu ngagaleykeun hulu keuna pamatang misah ka handap, keuna anu nunjang jiga larapan …..
========================
Tunda heula !
Keun sina kasima, sina jeger dina hirupna, sina perang deui nepi ka seubeuhna !
Urang mah, urang ngadeuleu heula ka tukang, ka jajaran pangtukangna, di sukuna punclak Kadongdong !
Meujeuh perang rorosana, Nyi Putri Mayang Sagara nyumput keuna jero rungkun. Majar inyana téh, sieun bajo. Padahal mah… inyana terus norolong ka lebak deui, mulang deui ka Ci Dadap. Laju asup ka imah inyana, alak-ilik keuna bilik, tumpu-rampa keuna galar….
(45)
gep aya anu kacekel. Nya éta KUJANG ! Kujang anu ceuk ambu inyana, baheula meunang nepa mamang inyana, basa ngababakan di Gunung Reuma. Cerelet Nyi Putri leutik lumpat ka sisi cai, ka lebahan enggon balabuhna parahu jeung kapal-kapal.
Laju nyawetkeun samping, kujang diselapkeun jero samping … jrut luncat ka cai, ngojay ka sisi laut …. nyampeurkeun parahu-parahu bajo. Nyampeurkeun parahu bajo anu panggedéna ! Inyana nyangkél di buritannana, tapi sabab buritannana ruhur tina cai, inyana hanteu bisa unggah ka ruhur. Kusiwel, kujang dikaruarkeun, dikadék-kadékkeun keuna buritan parahu gedé, angkuhan inyana sina bocor !
Da ngarana ogé kujang, lain kampak, jeung dikadékkeunnana keuna kayu sakitu kandel jeung teuasna, jeung dikadékkeun ku tanaga budak … sanajan dicaritakeun dina lalakon pantrun ogé… parahuna hanteu daékkeun bocor!
Harita, di darat bajo-bajo ngarasa tétér, laju kadéséh ka sisi laut… paburu-buru arunggah keuna parahu. Saba sarieun dipodaran ku anu ngaruber bari babajég jeung cecekék, bajo-bajo anu geus arunggah, buru-buru ngabaroséh, ngadarayung sataker tanaga …. Goloyong parahu-parahu bajo ka tengah laut, dibantu ku angin anu niup layar mani karembung, jiga beuteung anu rareuneuh di bulan alaeun ! Bajo-bajo anu tinggaleun, loba anu beunang ku urang Cidadap, laju dipodaran. Bajo-bajo anu ngarojay deuk nyarusul parahu anu geus laju, loba anu marodar dibedol coyot ombak ka handap. Anu marulang deui ka basisir, éta ogé marodar. Lain ku coyot ombak, tapi dibebek maké halu….
Nyi Putri Mayang Sagara anu deuk ngabocorkeun parahu bajo, inyana ogé nyaho parahu dilajukeun … mingkin gancang mingkin gancang, mingkin jauh ka tengah laut… ngadékkannana digancangkeun. Tapi parahuna, teu bocor bocor baé ! Barang geus jauh ti basisir, ku bajo-bajo kadéngé aya anu kakadék di buritan lebah handap. Laju ditarempo …. Nyi Putri leutik laju ditéwak ! Inyana motah ! Tapi da ngarana ogé tanaga budak, hanteu kebel deui ogé, inyana ditalikung. Ngan hadéna, euweuh bajo anu neuleu, kujang kaburu disumputkeun deui jero samping!
Ceuk Bajo saurang : “Budak kénéh ! Amun tilu taun deui mah, meujeuhna dicawénéan ! Urang jual baéeee !”
Nyi Putri leutik motah deui, sabab inyana ambek jasa deuk dijual, jeung béjana mah, dicawénéan téh leuwih nyeri manan ditojos linggis…. Sabab neréwélang baé, inyana dicangkémos, disépak, laju dialungkeun ka juru! Ari dipaéhan mah, hanteu. Sabab pikir bajo : “Tangtu pimahaleun ! Sabab cawéné jeung bagus jasa !”
Parahuna laju terus … mingkin jauh mingkin jauh, lajuna ka tengah laut, lajuna maju ka kulon…..
========================
Tunda …. !
Keun, parahuna sina laju. Urang sina laju maju ka kulon. Urang cegat di lebahanana …..!
Urang caturkeun di Ci Dadap !
Gehgér Nyi Putri leutik baruk leungit !
Leungit, batur, leungit !
Leuuuuuuuuuuuungit ? …… Ja heueuh ! …….. Ka mana leungitna, batur, ka mana ?
(46)
Kokolot anu tilu….. saling salahkeun ! laju naréangan, mimiti tiluan babarengan, laju duaan jeung sorangan. Laju naréangan séwang-séwangan….. ngasruk-ngasruk saban rungkun, nyarakraksrak saban lebak, narempoan saban logak, naroongan saban sodong… tapi anu ditaréangan arinyana mah, hanteu kapaaaaaaanggih !
Ceuk kokolot anu saurang : “Boa ditekuk kerud !”
Ceuk kokolot anu saurang deui : “Boa dilegleg oray !?”
Ceuk kokolot anu pangkolotna : “Boa….boa, boa dirau kééééélong.??”
Ceuk kokolot satiluan, dibarengkeun sabari tanggah : “Boa dirau kééééélong? “. Laju satiluannana naréangan deui, sabari narabeuhan nyiru, sabari narakolan upih tangkal belendung !
Caritakeun heula Ambu Nyi Putyri Mayang Sagara !
Nyai Putri Purnamasari acan nyahoeun anak inyana leungit ! Inyana eukeur mariksa urut perang, bagian lembur anu dihuru bajo.
Ceuk Inyana : “ Lebah dieu, urang ngaranan BABAKAN LEBU!”
(Tah éta sababna nepi ka kiwari, di lembur Ci Dadap aya anu katelah Babakan Lebu)
Ti dinya inyana mariksa : Lobana anu taratu jeung lobana anu paraéh. Anu taratu tapi teu ripuh, lobana salapan puluh. 60 urang Ci Dadap, 30 deui sémah-sémah nu daratang ngadon dagang.
Anu taratu rada ripuh : 30 urang Cidadap, 15 deui sémah-sémah nu daratang ngadon dagang, jeung limaan urang sabrang nu buntutna tina hulu, jeung saurang anu nganjang ti Gunung Rompang.
Anu paraéh, lobana sawidak kurang opat. 45 urang Cidadap, nu 7 deui, sémah-sémah nu daratang ngadon dagang, jeung tiluan urang sabrang nu buntutna tina hulu, jeung saurang anu teu ngilu perang. Inyana paéh ku gering payah….
Bajo-bajo anu marodar, bangkéna aya 175. Bajo-bajo anu taratu ? éta mah euweuh saurang-urang acan. Sabab bajo-bajo anu kasampak tatu, tapi acan kojor, anu karitu mah laju dibaruang…. dibéré ngarinum cai dewegan dicampuran godogan akar ceremé. Lain sabab ku telenges urang Ci Dadap. Tapi ngantepkeun bajo harirup mah, sarua jeung ngingu léntah jero kendi….
Dukun-dukun jeung tukang jampé, kabéhan pada haliwu, ngubaran jeung ngomékeun !
Ceuk nangkoda nu bocor kapal jukung inyana : “Amu Puun ! Kula ogé alék bantu ! Anu lalipuh jasa, sina gotong wééé ka kapal kaula ! Ditu aya simséééé….!”
Laju anu raripuh pangjasana, digarotong ka kapal bocor. Ditambaan ditumbalan, ku aki-aki anu tadi nyenyembah arca téa!
Nyi Puun Putri Purnamasari laju mulang. Inyana ngarep-ngarep kadatangan awéwé nu tadi téa, nu nyeplés badis inyana téa,…… tapi anu diarep-arep mah ….. hanteu datang ! Ari kurunyung anu daratang tilu kokolot ! Daratang sabari narabeuhan nyiru eujeung upih !
Ceuk Nyi Putri : “Aya naeun ?”
Ceuk kokolot anu pangkolotna: “Nun ! Putri leutik aya nu mawa !”
Nyi Puun reuwaas jasa, tapi kareuwas inyana hanteu katara !
(47)
Ceuk inyana : “ Ku saha ?”
Ceuk kokolot satiluannana ngaromongna dibarengkeun, sabari ngadarégdég sabab gugup : “Ku kaaaaaalong ….!”
Ceuk Nyi Putri : “Haaaah !?”
Ceuk kokolot satiluanana : “Heueuh !”
Ceuk Nyi Putri : “Ku kalong ? Sagedé kumaha ?”
Ceuk kokolot satiluanana : “Eh, ku kélong kétah !”
Gehger salembur Ci Dadap, Nyi Putri leutik dirau kélong….. ku kélong, batur, ku kélooooong …….!
Ku kélong ?
heueuh ! Ku kélong, ceunah !
Ku kélong awéwéna ?
Ku kélong awéwénaaaaaaaa, batuuuuur ……!
Ku kélong lalakina ? Ku kélong nu jaluna ?
Heueuh ku jalunaaaaaa, batuuuuur……!
Kélong awéwéna…. apa kélong jaluna ?
Ku kélong anu hanteu katémbong, batuuuur !
Laju salembur Cidadap naréangan Nyi Putri leutik, anu leungit ceunah dirau kélong … ku kélong bikangna jeung kélong jaluna…. Naréangannana aya anu ka kalér, aya anu ka wétan, aya anu ka kidul, aya anu kakulon, aya anu katonggoh, aya anu ka lebak, aya anu ka kolong, aya anu ka para…. nu kareuma jeung ka huma, nu ka sawah jeung ka rancah, nu kapancuran ka saban tampian. Malah aya anu néangan anu néangan, patéang-téang jeung anu naréangan !
Kokolot anu tiluan, naréangannana bari sesentak bri sésépak, sabab keuheul katempuhan ! Ku sabab sesentak baé, nya karuhan, anu ngilu naréangan téh jaradi sewot!
Ceuk sémah saurang : “Lot, éling, lot, éling ! Nyebut, geura !”
Kokolot satiluanana laju nyarebut, tapi nyarebutna… lain ngaran Déwa panyambatan, lain mantra jampé pamunah..tapi : “ RAMJIAAADAH…”
Nyarebutna maredok jasa, mani buled anu kuled, mani pinuh sasunguteun, mani ngemplong dina haté…. Ari ngaramjiadahna mah, lain seja arinyana ngucapkeun jampé jangjawokan, lain jampé pamunah Pamijahan, tapi…..ngaleupaskeun rasa keuheul!!
Geeer harita kénéh kabéh sémah ngilu nyarebut : “Jiaaaadah, tah kélong téh !”
========================
Cag teundeun ! Tunda di Cidadap. Sina nareangan bari jajadah…..!
Urang mah urang néangan Rakéan anu nindak ti Gunung Jayasampurna!
Urang sampak inyana keur aya di sisi laut, lebahan hiji babakan leutik nu harita disebutna Babakan Ci Tepus. Ayana lebahan mah tengah-tengah antara muharana Ci Tepus anu kiwari jeung muharana Ci Sakawayana anu baréto. éta babakan kiwari mah anggeus euweuh. Sabab béak kaséblok ombak di tengah peuting. Ceuk anu nyaraho di jamanna, palidna éta babakan téh sabab urang dinya mareuncit lauk duyung. Di urut éta babakan engké jaga baris ngadeg deui babakan GAGAL anu diadegkeun ku laloba teuing duit tapi hanteu daraék méré ka anu sarusah, malah sina sarusah mingkin parayah ! éta babakan gagal baris narikolot, tapi sakuloneunana baris ngadeg PANGGUNG SUSUN undak-undakkan. Anu baris jadi tetengger bakal ngagelebugna angin barat salega nagara !
(48)
Rakéan kasampak di sisi laut. Harita geus parek ka sareupna ! Inyana keur neuleukeun laut anu ombakna mingkin garedé mingkin raruhur, mingkin jauh nyéblokna ka darat… ngabudah buburialan, bari ngagugulung anu dilimpas, bari ngagur ngagalugur harus… dibarengan angin kenceng … mingkin kenceng mingkin bédas … melendoykeun tangkal kalapa, melendoyna mani daréngkdék !
Kencengna angin anu ngagelebugna ririntakan cara ombak paudag-udag gancang, nyempal-nyempalkeun tangkal garedé, ngarungkadkeun tangkal jarangkung, bari ngaguruh ti kajauhan… datangna bari murilit, nyiwit kenceng cara suling dipetitkeun … nyéorkeun keusik ti basisir, jiga hujan anu kerep!
Mantak pikeueungeun, mantak pisieuneun, pieun jelema hanteu bisa sosoranganan di angin barat !
Jauh di tengah laut, kadeuleu aya sababaraha parahu hanteu béda catang palid nurutkeun palidna guntur… Rakéan unggah ka ruhur karang, abéh teges kadeuleuna. Ti Ruhur karang anu liuh dihalangan deui karang, Rakéan neuleukeun prahu… kabéhna aya sapuluh. Garedé eujeung jarangkung, béda ti parahu-parahu anu inyana anggeus neuleu. Rakéan lain urang basisir. Inyana hanteu wauh keuna bangun parahu, ngan inyana nyaho, nu kumaha rupa kolek, nu kumaha rupa payang, jeung nu gedé jasa ngarana kapal…. tapi anu harita kadeuleu umpal-ampul dicocoo ombak, leuwih gedé payang, jeung leuwih leutik manan kapal ! Parahu naeun?
Keur inyana tatanya jero haté, kadeuleu parahu daratangna gancang jasa… kadeuleu teges loba parahu anu paréunggas tihang layarna ! Jeung kadeuleu di parahu anu rada gedé, ngebul haseup mani nyerebung, jeung seuneu katémbong ngageda-gedag…. Kahuruan ! Parahu keur kahuruan!
Rakéan hayang nulungan, tapi kumaha nulungannanan ? Lain tulunganeun, sabab jauh teuin, jeung lautna … deuleu … ! Inyana ngan bisa neuleukeun bari hanteu puguh polah jeung ratug haté keketugan !
Parahu anu keur hurung, ku ombak didémpétkeun ka parahu hiji deui… der kahuruan. Ku Ombak nu neunggar di buritan, parahu anu keur démpét, dipisahkeun deui, tapi disoloyongkeun ka tengah parahu-parahu anu séjénna. Der deui tambah dua parahu jadi jiga tungku pakapuran… opat parahu gedé umpal-ampul jaradi seuneu dina cai, cai laut anu keur motah ! Parahu saha ? Ti kajauhan ku Rakéan kadeuleu anu laluncatan ka laut….
Harita di Ci Dadap, di Sumur Haur Pamunjungan, Nyi Putri Bidadari Arum Wiyaga ngarasa aya anu sasambat ti tengah sagara ! Ku inyana dilik dina dampal leungeun.. témbong bajo-bajo anu beurang téa. Tapi… tapi heueuh bajo anu tadi deuk ngaruksak Ci Dadap téa ! Tapi heueuh, bajo sotéh tadi ! Ari anu keur sasambat di angin barat mah, jelema keur lésot tina kabajoannana….
Apanan ceuk éyang Aki Léngsér, tulungan sakur anu di sagara deuk cilaka ku angin barat. Tapi ceuk éyang Aki Léngsér kénéh, caremkeun parahu-parahu bajo keuna batu karut ! Ceuk éyang Aki Léngsér ogé deuk cilaka. Tapi ieu mah keur cilaka ! Mudu kumaha nyaaaaah ?
Ceuk éyang Aki ogé, caremkeun parahu-parahu bajo, lain bajo-bajona atuh hartina !
Nya ku Nyai Putri Bidadari Arum Wiyaga, opat parahu bajo anu keur jaradi gulungan seuneu, jeung genep deui anu hanteu kahuruan, ku inyana diléongkeun ka basisir … jegér…. parahu anu panggedéna neumbrag karang batu karut…. haluanana mani bencar, buritannana ngacung ka ruhur… dijepit karang di jero laut, hanteu jauh ti muharana Ci Sakawayana… Ci Sakawayana anu kiwari, tapi muharana mah, anu baheula….
Parahu-parahu anu séjénna, kandas dina keusik bari digubag-gabigkeun ombak
(49)
di lebahan anu jauh ti darat, eujeung moal bisa didatangan dina laut keur motah kitu !
Aya tilu anu ku Rakéan kadeuleu teges ! Tina parahu anu bencar kadeuleu aya anu mecleng ka laut. Hiji lalaki jangkung gedé anu dedegan inyana, asa-asa Rakéan nyorang neuleu, tapi hanteu inget deui saha-sahana. Inyana bareng mecleng jeung hiji budak awéwé. Laju harita kénéh, lebahan éta lalaki ragag ka laut, ngocopok lauk gedé jasa….
Kadeuleu teges ku Rakéan, lauk gedé eudeuk nyaplok éta budak ! Rakéan eudeuk luncat, eudeuk nulungan, tapi jauh teuin… moal kaburu! Kadeuleu teges ku Rakéan barang lauk gedé geus calangap, budak téh ngalugas kujang … lauk gedé harita kénéh ngejat bari ngajeblag, jiga reuwas pangreuwas-reuwasna, laju leungit ka jero laut. Tapi budakna, ku ombak galeng anu gedé ruhur jeung ngabudah, diséblokkeun ka basisir…. Ku Rakéan laju diburu, dipangku dibawa jauh ka darat…..
Waktu deuk diécagkeun, budak téh deuk narajang Rakéan, tapi kujang inyana katéwak ku Rakéan bari murilitkeun leungeun budak. Ngan baé hanteu bedas !
Ceuk éta budak sabari tetejeh :”Leupaskeun, bajo, leupaskeun!”
Ceuk Rakéan : “Kula mah, lain bajo”
Budakna neuleukeun Rakéan, jiga sieun, tapi hanteu sieun… laju hanteu sieun….
Ceuk Rakéan : “Dia saha ?”
Ceuk budak sabari ngagibrigkeun buuk inyana anu baseuh : “Urang Ci Dadap, kula ditéwak bajo”
Rakéan ngarénjag dina haté … Ci Dadap…. bajo… jeung ieu kujang … tétéla kujang jieunan inyana baréto….
Ceruk Rakéan : “Saha dia ngaran ?”
Ceuk Budak : “Nyai !”
Haté Rakéan béda rasana, veuk pikir inyana “ :Tiiiilok geus sagedé kieu? Boa anak kokolot … ?! Tapi éta kujang ????”
Bajo,bajo anu sok rarampog sabari ngahuru, bari cuculik jeung peupeuncit…. Keun baé ! Sapeuting éta mah, moal barisa unggah… kara jleng ogé, geus dibaretot céot, dibareubeutkeun keuna karang ku pulek dina ombak !
Rakéan jeung budak anu rancucud, narindak ka tukangeun karang anu nadah angin anu kencengna ngadadak rosa jasa. Di anu iuh, inyana eudeuk miruha, nyieun seuneu pieun ngagarang samping budak !
Ceuk budak : “Lapar….!”
Lapar … Rakéan ogé ti kamarina kénéh can manggih kéjo, anggeus ngakanan cau leuweung baé. Ras inyana inget, tadi ti ruhur karang kadeuleu di beh wétan aya imah. Harita, poé geus laju poék. Beurang keur tukeur giliran, giliran peuting ngarurub alam….. Rakéan nindak sabari nungtun budak, narindak dina peuting anu poék, ngalawan angin anu ngagelebug rosa jasa, nepieun budak mah teu bisa laju…. Nya digandong ! Di Babakan leutik anu harita imahna kara aya opat suhunan, arinyana disuguhan.
Ceuk anu boga imah : “Ti marana ?”
Ceuk Rakéan : “Ti Kulon ! Ari budak mah, urang Ci Dadap ! Diculik bajo !”
Ceuk nu boga imah : “Bajo ? Di mana aya bajo ?”
(50)
Rakéan nyaritakeun anu tadi kadeuleu inyana !
Urang babakan hanteu arengeuh, sabab tadi keur ngareli keuna sodong di béh tonggoh.
Ceuk nu boga imah : “Loba ?”
Ceuk Rakéan : “Nya. Loba sugan, amun teu marodar ku ombak mah“
Urang babakan dikumpulkeun, laju badami. Laju nararindak bari marawa pakarang ka lebahan parahu kandas … nararindak dina peuting anu poék. Kabéhna, dua aki-aki, opat nini-nini nu baredas kénéh nutukeun halu, opat lalaki mareujeuhna gagahna, lima awéwé mareujeuhna leuleus liatna, genep barudak bujang meujeuhna teuas heuheurasna, genep barudak tanggung mareujeuhna dédéglerna, jeung opat cawéné mareujeuhna sareseg peupeungkeurna! Di babakan tinggal hiji nini-nini anu geus moal teurak disangray disangray acan. Inyana nanggoan imah jeung barudak anu laleutik keneh !
Tapi anggeus kitu diatur ku Anu Nyieun lalakon, nepi ka basisir téh, ti darat ngadak-ngadak ngagelebug angin kenceng rosa jasa. Urang babakan nareuleu lima parahu gedé anu melegmeg hideung di laut anu poék, laju nyoloyong deui ka tengah laut. Nyoloyongna garancang jasa, ditiup angin anu kenceng diséréd ombak anu galedé ruhur ….. mingkin jauh mingkin jauh …. Di basisir anu harita kasampak pabalatak dina keusik, sugan aya opat puluh bajo…. laju didareukeutan !
Anu arambekan kénéh jeung anu arusik, laju dipodaran. Lain taralenges! Tapi di mana-mana ogé ari bajo mah dikaritukeun ! Anu henteu arambekan kénéh jeung anu hanteu arusik ogé, diparodaran deui, abéh bener-bener paraéhna !
Rakéan sabari ngagandong budak awéwé téa, ogé nindak ka basisir. Inyana mah néangan bajo-bajo anu sareger kénéh, anu babari teuin ngamodarannana mah, ku inyana disérénkeun ka urang babakan. Inyana mah hayang bajo anu sareger, bajo-bajo anu barisa kénéh ngalawan enya-enya ! Tapi hanteu kasampak aya deui bajo !
========================
Cag teundeun …..
Urang tunda di babakan anu bakal gagal, anu gagalna sabab anu nyariar untung, teu barisa ngitung, ngahambur dur diawur-awur …. kari somah katempuhan, nebus gadéan anu lapur…..
Urang tuduhkeun heula lebahan bencarna parahu gedé anu panggedéna ! Dina pisan urut bencarna parahu bajo, anu buritanana ngacung ka ruhur, nepi ka kiwari témbong kénéh sesa-sesana. Tapi geus ngarupa karang anu nyeplés buritan prahu gedé …. Ceuk anu harayang diperecaya mah cenah, éta karang téh, baheulanana buritan parahu bajo anu bencar téa !
Ayana parek pisan ka karang batu karut anu ogé disarebut BATU LAWANG, sabab numpukna kénca katuhu, cara gapuran jaman baheula! Ayana éta batu lawang hanteu sabaraha jauhna ti muhara Ci Sakawayana.
Baheula mah éta Batu Lawang téh, ayana jauh jasa ti laut, ceuk anu nyaraho di ugana, engké jaga, amun di balik batu anu jiga lawang geus ngadeg imah teu dihateupan, éta lawang baris dibuka ku anu ngarasupkeun jaman harudang jeung hariwang. Hariwang pieun sakur anu nyunyusah jeung nyingsieunan somah ! Hareudang pieun anu sarenang dina babangsat, aradigung abong keur pangkat, jararembar dina ruruba….
Deui ceuk ceunah ti anu nyaraho di ugana, Amun Batu Karut diaut-aut di gunung anu digempur, geura tanggoan baé datangna béja : Aya Raja Gagah dipaéhan anu edan, anu ngaku-ngaku Ratu Adil, da bongan saruka-suka di lain wayah !

No comments:
Post a Comment