Sunday, June 10, 2012

PANTUN BOGOR

PANTUN BOGOR (beunang RAKEAN KALANG SUNDA) papantun nujadi ciri BUKTI NYAMPAK yen PRABU SILIWANGI tumetep NGAGEM JATI INDUNG ! 1. Lamun dipareng dia pasampak; jeung nu arunggah ka MANDALA; kula titip pangabakti; pamunjung kanu di RUHUR; nu kiwari pada suwargi; Pun sapun! ka RUHUR ka Bale Agung Anu Nunggal di Mandala Agung! Ka HANDAP ka Batara pangraksa jagat; ka Batari panghurip bumi; ka Ambu Sari Pohaci; ka Nay Sri Ambu Pangasih Paralun! ka gunung bakal kacatur; ka lebak bakal kasebut; ka cai bakal kaungsi; ka tangkal bakal kapahpral; ka sakabeh nu ngarana ; dijieun bukti carita; tapi carita nu teu make saksi; Pun ! Kaula deuk nginjeum ngaran; caturkeuneun dina beja; lalakonna DADAP MALANG; nu baheula nyorang aya; sisi kidul CIMANDIRI Paralun ! Saha nu diinjeum ngaranna ? Putri Bungsu P U R N A M A S A R I; mayang P A J A J A R A N nu lenjang. Saha anu dilalakonkeun ? RAKEAN KALANG SUNDA; nu engkena salin rupa. Paralun! Ayeuna mah; ulah panjang untar nu diarah; ulah mandang gendang mawa wirama; ulah sungapannana anu dijugjug; tapi urang teang tampiannana; munday ka muharana Urang mimitian bae; di jaman PAJAJARAN meujeuh tagiwur; dayeuhna eukeur dirugrug; deuk dijarieun JAGAT PAPAK. 2. Kocapkeun di waktu perang; di muhara Cipinanggading; saha nu jadi lulugu perang ? di PAJAJARAN ; RADEN KUMBANG BAGUS SETRA; nu can lila papangantenan; ka NAY PUTRI PURNAMASARI; putri raja pangbungsuna. Nu jadi tameng dadana ? NAY RADEN KALANG SUNDA; nu ceuk beja ti nu weruh; asalna ti KAHIYANGAN; Nu dijurung ? Ku SANGHIYANG DEWA BATARA KALA; turun jadi budak angon; nu dikukut ku Ki Lengser pikeun jaga di wayahna; jadi aweuhan patakonan; ku tetengger patilasan; jeung ku uga ka-awun-awunan Mun Rakean direndengkeun; jeung Den Kumbang Bagus Setra; moal heula deudeuleuan; tina muncang saparangge; ngan bae kulit Rakean; hideung santen tapi manis ! Ceuk tadi oge, ulah panjang untar nu diarah; tapi abeh gancang ka muharana; urang punday ti tampiannana; Urang longok bae Si Lengser; nu di muhara Cipinanggading; keur mapag muduh nu ti kulon. Ceuk Si Lengser: “Deuleu, Rakean ! Ari ngaranna perang teh; mudu maehan samemeh dipaehan ! tapi Ulah maehan lamun teu perlu ! jeung ulah poho; papasten teh; hanteu dipastikeun ku seukeutna tungtung tumbak; atawa ku baruang ruruhit panah ! tapi, KU TEPUNGNA WAKTU NU TANGTU; NU NANGTUKEUN AYANA AYA; JEUNG NANGTUKEUN AYANA EUWEUH; tapi, DINA PINDAHNA AYA KA EUWEUH; NGAN EUWEUH DINA PANGDEULEU; TAPI TETEP AYA DINA EUWEUH JAMAN. Tah ! Sabab eta, Rakean ! Ulah sia edek keder ! Amun paeh di pangperangan; perang bela ka nagara najan ngaran sia dilaleungitkeun; di buritna moal sia jadi jurig ! Sabab sia mah; kapapancenan; nganyam carita saban jaman; numbu catur keuna waktu; mudu tunggu ka cundukna; nyaksian saniskara; anu jagana pasti bukti kajadian ! Ayeuna Rakean ! Dengekeun ku sia ; Tuh ku sia deuleu; Nay Putri Purnamasari; jeung Den Kumbang Bagus Setra ! Perangna parerendeng; teu garimir ku pamor keris ; teu nyaringkah ka hujan panah. Tapi, ngaladenan musuh nu ngarempug; teu beda meong sajodo; Ngaing ayeuna mudu mantuan raja Sia di dieu ! Bantuan den Bagus Setra; jeung jaga-jaga jug sia! Nay Putri Purnamasari; ulah murag buukna salambar; ulah ngeclak getihna sakeclak ! Mun kapaksa: perangan sia mudu atar; sia mah mudu mundur; dina buntutna aleutan ! Jeung dimana sia mundur; tapak sia ninggalkeun kalang; mudu dibalayan tulang musuh; jeung taneuhna mudu kasiram heula getih nu julig ! Ngaing ayeuna deuk mantuan raja; mihape ngaing Nay Putri; ulah awak inyana karagap ku nu lain ragapeunnana…! Urang ayeuna kocapkeun DAYEUH PAJAJARAN; dayeuh Pajajaran nu baheula ! Dayeuh geus kakurung musuh; rungkad kuta ancur lebur; jadi rata eunjeung taneuh ! Ngaguruh ! Cara Guntur turun ti Gunung ! Laju ! Der dimana-mana; seuneu burung nggedag-gedag; luntab-lentab mani nyeak ditiup angin kenceng ngahiuk ! Sora seuneu nu ngaguar sabari nyuit; jeung surak musuh nu ngaguruh; dibarengan ku sora awi pating beletok; tina imah-imah dihuru musuh ! Ditambah ku jerit sasambatna somah; nu kasima teu walakaya; jeung haregungna balad nu taratu; waktu gugur jero kalang pangperangan ! Moal kacipta ku Pujangga; moal kagambar ku tukang ngarang; moal katepi ku tukang mikir; moal kacatur ku juru pantun…! Geumpeur – keueung – sieun – ambek – rusuh – nyeri – sedih – keuheul…. ! Kabeh jadi hiji dina tarungna URANG PAJAJARAN ngalawan musuh anu bilanganana hanteu nanding; jiga geus kitu muduna; ditangtukeun KU NU NYIEUN LALAKON; silalatu jiga disebar kamana-mana; nyundut hateup imah nu jarauh. Saban seak leokna angin; ranggeuman seuneu tatabah ngalegaan. Nya hanteu lila; sadayeuh PAJAJARAN; jadi TALAGA NALA-SINALAAN…! Euweuh saung nu nangtung; euweuh kandang tinggal papalang; euweuh leuit anu kari; euweuh imah anu hanteu kalentab ! Kabeh anu aya di jero dayeuh; euweuh nu kari ! Kabeh- kabeh- kabeh-…… kabeh ngan kari urutna ! Kadaton kari umpak; tingpecenghul dina lebu anu hauk ! Tamanna jiga rarahan; tarate layu kabarerang; Tangkal kadu – tangkal manggu; tundun – dukuh eujeung picung; ngan kari kayu nu nangtung; hideung lestreng jaradi areng; ngalenggeceng sabari ngelun ! Kabeh- kabeh-……jaradi lebu…! KETANG ! Aya keneh nu kari; jiga teu kadeuleu ku seuneu; NYA eta! HANJUANG SIYANG sadapuran; sisi taman beulah wetan; sakalereun LAWANG GINTUNG ! Tah eta ! PAKU JAJAR sadapuran; jiga dikarikeun pikeun saksi; anu nyorang milu ngalaman; JAYA JEMBAR PAJAJARAN; nu nalangsa teu walakaya; neuleu PAJAJARAN; lebar jadi awun-awun; Jiga ditinggalkeun pikeun bukti; yen mun jaga; raja panyelang hayang nuar; tangkal awisan nu nyesa; tina eta KIPAHARE sadapuran; tah eta teh tanda wayahna; caringin agung; baris rungkad kaanginan; buah hejo jaradi beureum; muragna ku lini gede ! LAJU ! PAJAJARAN NGADEG DEUI TIMBUL TINA SILALATU ! Urang tunda pakujajaran pahare-hare; ngajajaran sisi jalan; nanggoan wayahna siang; beulah kaler ngabaranang…. Urang kocapkeun bae; PAJAJARAN kadeseh perang…! RADEN KUMBANG BAGUS SETRA; jeung RAKEAN KALANG SUNDA; bari ngahapit NAY PUTRI PURNAMA SARI; perangna mudu mundur, mundur-mundur; mundur ka girangkeun ! Laju nyabrang ka PAMOYANAN ; ka beulah wetan ka suku gunung; nu kiwari disebutna GUNUNG GADUNG ! Di dinya perang deui; perang rosa jasa ! Ngamukna Rakean; ngabantu perangna meong sajodo; nahaliwukwun musuh nu ngarempug ! Di tegalan GANDAPURA; urang kocapkeun; rakean dihurup ratusan musuh ! Tapi, moal Rakean dingaranan KALANG SUNDA; mun masih keneh aya tumbak bisa neurak; aya bedog bisa nyeblok; aya panah bisa keuna……; Sabab nu harita eukeur ngamuk; lain Rakean KALANG SUNDA; tapi SUKMA SUNDA anu ngalang raga RAKEAN……! Harita; harita dina hunyur anu kidul; NAY PUTRI PURNAMASARI; parerendeng jeung DEN BAGUS; keur haliwu ngayonan musuh ! Tapi teu beda ombak sagara; nu ngaguruh neumbrag karang; laju buyar jadi budah; tah kitu datangna musuh; nu ngarugrug laju kasambut ! Sabab hanteu beda tina karang; tara ngeser ti basisir; NAY PUTRI jeung DEN BAGUS; teu nyingkah najan satindak; Urang kocapkeun deui dina LEBAK PAMEGATAN di tegalan GANDAPURA; rajeuna dikurung musuh; anu bari surak mani ngaguruh; ting pucunghul ti saban juru; jiga ajag regag saaleutan; narubruk uncal nu kapakung; tapi Rakean hanteu keueung; dina campuh pagulung-gulung; Rakean ngejat ka tengah abrulan; KUJANG-na euweuh gagalna ; tiap musuh nu kasunduk; terus nambru amburadul. Aleutan musuh tambal ngabrul; tambah deui hakanaeun KUJANG; tambah deui nu jaradi wadal; tapi aleutan teu eureun2; musuh ngabrul pa-buru2; jiga koral diawur urug; cara koral turun ti gunung; wadal KUJANG nu pandeuri; pa-unggul2 nindihan batur; lain batur PAJAJARAN. Tapi batur nu nga-rug-rug; kumaha ramena perang harita; teu kacatur dina galur; tapi cenah ceuk beja mah; eureun soteh ku sabab matapoe geus surup tukangeun gunung; laju musuh pada reureuh ! __________________________________ Hear-hear cahaya tina sinar matapoe; nu di kulon nyusup kahalingan gunung-gunung di kajauhan; geus teu geuneuk teu melegmeg; tapi semuna geus meh rata; jeung semu langit nu mentang ti beulah wetan…. reup…reup…reup….. gancang ilangna deungdeuleuan! Beurang geus kaganti ku peuting ! Peuting…. poek anu poek; anu poek di Gunung Gadung………. ! Gunung Gadung ! Rada jauh ti beulah kaler; langit tembong semu geuneuk rada kasumba, nandakeun ruhak-ruhak di urut DAYEUH PAJAJARAN; masih keneh ruhay; kahurungkeun deui- kahurungkeun deui; ku angin anu ngagelebug ngulon-ngidul; peuting harita; peuting Gunung Gadung. Tapi- lain peuting anu jempling! Sabab ti sareupna poek turun ngarurub alam; bebence teu eureun-eureun tinggeleber pulang anting; gandeng tuweuw patembalan; regag ajag ti kaanggangan ! Mingkin poek mingkin tambah rasa keueungna; mingkin tetela kadengena; ungas-ingus maung eujeung kerud; kalaluar ti guhana; ngambeu hanyir getih kabawa angin; tinggolosor sa-gede-gede cangkeng; oray sanca pararanjang; ngambeu bangke patulayah; diselang teu eureun-eureun rada jauh kadengena; loba jerit menta tulung; jerit jelema nu harirup keneh; tapi payah teu walakaya; keur direcak ajag nu garalak; loba jerit sasambatan; jerit jelema harirup keneh; tapi payah teu walakaya; keur ditekuk digusur maung Peuting harita disimbutan ku poek mongkleng; Rakean nyingkah lalaunan ka ruhur hunyur ! Reg- randeg ! Rakean ngarandeg deukeut mumunjul; ceuk inyana bari ngaharewos: “Raden Bagus ieu kaula!” ti nu poek kadenge tembal nu ngaharewos: “Rakean !?!?” Harewos Rakean bari ngadeukeutan: “Heu-euh…! Kula Rakean…! Meungpeung musuh eukeur meungpeung poek sakuriling bungking ! Geuwat geura nyingkah ! Tuturkeun batur ngidul ngetan ! Geura nyingkah ! Ulah dia ngadagoan kula !” Harewos deui tinu poek: “Ari dia deuk kamana Rakean ?” Ceuk Rakean harewos sabari mundur: “Kula mah deuk naggoan brayna beurang; deuk nyanghareupan hudangna musuh ! Supaya dina brayna beurang geus caang deui, dia duaan geus jarauh ti pangdeuleuna !” Harewos nembal ti anu poek; harewos nembal Nay Putri: “Rakean ! mending geh nyingkah tiluan sabab musuh lain layaneun ku saurang !” Harewos deui ti Rakean: ” Montong teuing ku sorangan; isukan mah musuh teh lain pitandingeun urang tiluan, tapi memeh kula ninggalkeun kalang; musuh deuk di-awut-awut heula; supaya dia duaan bisa jauh hese susuleun; Mun dia deuk ngadagoan; tanggoan bae dimana karep…!” Nay Putri ngaharewos: “Rakean ! kumaha mun kasambut…!?” Harewos Rakean sabari mundur: “Awak kula jadi babatang; hakaneun ajag di sampalan; pacokeun gagak anu nyampak ! Ayeuna mah dia bae geura nyaringkah; Engek oge kula nyusul; Tapi ulah eudeuk ngarep-ngarep”. Sakali deui ti anu poek; kadenge sora harewos; dibarengan sora tindak ati2; ceuk harewos- harewosna Raden Bagus : ” Hade ! Kula ditanggoan handapeun caringin leutik; di mumunggang hunyur itu !” (*TUNDA! keun sina nyaringkah sina naranggonan di mumunggang ! Urang mah urang tuturkeun Rakean nu turun ka lebak deui deuk nanggoan musuh harudang ! Urang kocapkeun geus beurang deui…!) Musuh anu jaragjag keneh; geus sarurak deui! LAJU ! breg ngahurup Rakean ! teu kacatur kumaha perangna ! ngan kacatur bejana mah Rakean teh kawalahan….! Laju inyana ngarabut tangkal Kawung carulukan! laju dibubat-babet ka musuh… ! Ayeuna rada mendingan; sakali mabuk teh; bisa aya belasna musuh; anu ringsek kabeh tulangna; acan deui nu katakol; ku caruluk muncrat geutahna; boro-boro musuh eudeuk nubruk; boro-boro pakarang ngangkat pakarang; ku gagaro oge bae; geus kawalahan; ateul retep saluar awak; geus lain garoeun deui; geutah caruluk nyaliara; tul-tel tepa ka anu nga dupak… nepieun ka loba jasa musuh; nu teu katakol; teu ka-toel-toel acan; ku caruluk anu muncrat; teu pugah-puguh jadi arateul…! katepaan ateul tinu arateul; nepieun kusabab anggeus teu tahan; loba musuh gagarona; gugulingan bari aeuk-aeukkan; jiga can mahi keneh nga-kayana. Rakean laju ngarabut tangkal jengkol; nu dipake nyayang odeng; laju tangkal jengkol sayang tawonan; di-keprak-keprakkeun; keuna musuh nu kawalahan GARO GANYANG…! Nya karuhan loba musuh nu teu tahan; nya karuhan loba jasa nu marodar; nepieun tina musuh anu ratusan; ngan kari bebelasan nu hirup ! Ti dinya reup-reup… beurang kaganti ku peuting ! Rakean kaluar kalang; anggeus kalangna dibalay pitulangeun; anggeus taneuhna kasiram getih; ku getih nu kasambut…..! Gunung Gadung, Gunung Gadung nu kiwari aya keneh; teu lila ti harita; jadi tegal tulang rancah darah; Gunungna aya keneh; ngan rancahna anu saat; tapi tegalna di jaman nu bakal kasorang; baris pinuh deui dieusi tulang! lain tulang nu jaradi wadal; tapi tulang ti nu marulang sabab wayahna balik ka jati mulang ka asal ! (*TUNDA ! urang tunda Gunung Gadung nanggoan wayah jadi deui tegal tulang….. urang tuturkeun bae Rakean ka luar kalang! Inyana unggah ka mumunggang urut Raden Kumbang Bagus Setra) Sejana eudeuk reureuh; tapi geus kitu muduna; Rakean kaheesan; mani tibra kerek nyegrek; heesna kaheesan…. Tengah peuting; geus deukeut janari; Rakean lilir; korejat hudang; laju ngadapang deui; bari matana dikerungkeun; pangdeuleuna diseukutkeun; nembus poek anu melegmeg. __________________________________ IEU BUKTOS NYATA PRABU SILIWANGI TEU INGKAH INCAH BALILAHAN TINA AGEMAN JATI INDUNG, mangga titetan masing imeut tur tarapti. Ceuli Rakean anu pangdengena tara bisa kacolongan; ngadenge sora anu ngeresek; anu lalaunan unggah ngadeukeutan…; laju ku pangdeuleuna anu seukeut; kadeuleu aya anu ngaringkang; ringkangna jelema jangkung gede; anu ngadeukeutan bari leumpang dodongkoan ! Rakean pura-pura hees; padahal dina nangkuban; handapeun beuteungna mah; KUJANG geus pageuh dina peureupna ! Reg randeg ! nu nyampeurkeun laju ngarandeg; laju ngaheuaykeun cangkuang; lebakeun Rakean lima tindakeun; Rakean cicing bae! Laju ceuk anu nyampeurkeun teh: “Rakean…. Rakean ! Ieu kaula ! Kaula AL KOWANAH anu bareto ditamping ku raja tea!”, tapi Rakean hanteu nembal. Ceuk nu nyampeurkeun: “Rakean, anggeus ulah perang deui, ka dia teh kula mah nyaah bagusna nyaah ku ngorana…! Anggeus ulah dia perang deui, ulah dia deuk ngabelaan deui; jelema-jelema nu nyarembah MATAPOE; anggur dia Rakean; asup ka kaum-na para NABI…! Ambeh engke jaga; amun dia paeh dipapagkeun opat-puluh bidadari…! Rakean laju diuk; sila tutug rada ngadepong; cara MAUNG KUMBANG ngambu bahaya; pangdeuleuna hanteu leupas; ngawaskeun ti anu poek; kanu keur nangtung sisi Cangkuang ! Ceuk nu nangtung sisi Cangkuang: “Rakean ! Geura mikir ! Engke mah bisi kaduhung ! Sabab jaga mun kiamat; sakur nu teu anut ka NABI jeung Tuan SYEH-na; paraehna teh baris diinuman wedang timah anu ngagolak…! Tah kitu Rakean, ceuk Tuan Syeh di Nagara ARAB…!” Ceuk Rakean, bari teu obah tina silana: “KAULA HANTEU PERCAYA…! KAULA HANTEU PERCAYA KA TUAN SYEH! KA SAHA NGOMONG KITUNA…?” Ceuk nu nangtung sisi cangkuang: “Ka kaula Rakean, ka Kaula AL KOWANAH…!” Ceuk Rakean: “KAULA TEU WAWUH KA AL KOWANAH…! Ceuk Al Kowanah: “Tilok dia teu wawuh…? Apan kaula tea anu bareto ditamping ku raja! Bareto ngaran kaula JAYA ANTEA…!” Ceuk Rakean: “KA TUAN SYEH, KAULA GEUS HANTEU PERCAYA, SAMINGKIN KA DIA MAH…! JAYA ANTEA, INGET MANTAKNA DIA DITAMPING KU RAJA…? BEUSI DIA ANGGEUS POHO, JAYA ANTEA; KU DIA GEURA DENGEKEUN; SABAB-SABABNA DIA DITAMPING KU RAJA…! BARETO DI KARATON PAJAJARAN; AYA NU DIPERCAYA JASA KU RAJA KAULA…! RUPANA ETA JELEMA MEH SARUPA JEUNG PRABU ANOM; NYA KITU DEDEGANANA NEPIEUN LOBA JELEMA KASAMARAN! KU RAJA INYANA DIJIEUN PURAH TARIMA SEMAH; NU DARATANG TI NAGARA DEUNGEUN; JEUNG DIJIEUN UTUSAN RAJA MAWA SURAT JEUNG ANTEURAN; KA RAJA-RAJA DI TANAH SABRANG LILA-LILA SABAN-SABAN ETA JELEMA; MULANG DEUI TI PANYABAAN; MUDU BAE KAJADIAN LOBA SOMAH JADI BARINGUNG…! EUJEUNG LILA-LILA ETA JELEMA TEH; MINGKIN SERING INDIT NYAANA; NYAO TEUING KAMANA……….! BEBEJANA KA RAJA MAH; DEUK NGARONDA MARIKSA WATES…! SABAN-SABAN INYANA MULANG; SOMAH TAMBAH LOBA NU RAROBAH….! MALAH……………………………… GEUS LAIN HIJI DUA DEUI; NU NGALAWAN KA PANGIWA; NGELELEWE KANA ADAT TALI PARANTI KARUHUN; MALAH AYA NU WARANI; NGUCUT-NGUCUT PAGER PAKARANGAN ANU SANGAR; JEUNG TI PEUTING MALEDOGAN IMAH PUUN…..! SAMALAH NYALIARA AYA BEJA; YEN MUN RAJA PAJAJARAN; TERUS BAE MUMUNJUNG KA MATAPOE; NAGARA PAJAJARAN BARIS LEBUR KAHURU; BARIS KALAPARAN EUWEUH TUMBALNA…! CANH TUMBAL HIJI-HIJINA NYAETA RAJA MUDU DISUNDATAN, JEUNG SOMAH SAKABEHNA MUDU NGUCAP HIJI MANTRA NU BASANA LAIN BASA PAJAJARAN………..!!!!!!!!!! TAPI SAENYANA MAH; CEUK NU NYAHO RAHASIAHNA; ETA MANTRA TEA; DINA HARTINA SABENERNA SARUA BAE JEUNG “M A N T R A P A J A J A R A N…!” BEDA SOTEH ; NGAN WUNGKUL DINA PETANA ! JELEMA ANU NYIEUN SOMAH PADA RAROBAH; JADI DANGKA KA RAJANA; JEUNG MARICEUN TALI PARANTI KARUHUN; KU RAJA TEH KANYAHOAN…! NYAHO DIA JAYA ANTEA ! SAHA NGARANA ETA JELEMA ? TAPI RAJA PAJAJARAN; RAJA ADIL, RAJA SABAR…! JELEMA ANU JULID TEA; ANU NGOJOK-NGOJOK SOMAH JARADI DANGKA; KU RAJA HANTEU DIHUKUM; TAPI DITAMPING; DIKALUARKEUN TINA KALANGAN BANGSA PAJAJARAN…! INYANA KUDU INDIT KALUAR NINGGALKEUN DAYEUH JEUNG NAGARA, JEUNG HANTEU DIAKU DEUI, TAPI DIASUPKEUN JADI KAWULA; KEUNA KALANGAN LAIN BANGSA SUNDA PAJAJARAN. NYAHO DIA JAYA ANTEA; SAHA NGARANNA ETA JELEMA ? JELEMA ETA JAYA ANTEA LAJU INDIT, NINDAKNA KA PAHILIRAN, KA MUHARA CIHALIWUNG SEJANA DEUK CICING DI BATUR-BATURNA; NU ASALNA TI TANAH SABRANG…! KUSABAB DINA RUPA JEUNG DEDEGANANA MEH SARUA JEUNG PRABU ANOM; NYA KARUHAN ANU HANTEU TARENGET MAH; PADA PERCAYA KA ANU MAJARKEUN YEN INYANA TEH “PRABU ANOM PAJAJARAN ANU LOLOS TI KARATON” ….. PADAHAL ANU NGAKU-NGAKU LOLOS TI KARATON TEH: ADI SAKEMBARAN PANDITA KARATON ANU NGARANA PANDITA TANDAPURA TEA…! SAHA…??? JAYA ANTEA…! KUSABAB DITAMPINGNA; MARENGAN DI JERO WAKTU; SANG HYANG SANTANG KEUR NGALALANA; NYA ANU HANTEU NYAHOEUN MAH; MARUKNA BENER BAE JAYA ANTEA TEH; PARABU ANOM PAJAJARAN ANU SAESTUNA! DUA PULUH KALI SEREN TAUN; JAYA ANTEA TEU KATEMBONG KABEJAKEUN; SABAB CEUK NU NYARAHO MAH; INYANA AYA NU MAWA; KA SABRANG KA TANAH ARAB; BARI NGAKU2 “HYANG SANTANG PUTRA RAJA PAJAJARAN….!!! DINA SEREN TAUN KA TUKANG; AYA BEJA TI PALUARAN; YEN KARATON RAJA BANTEN; DATANG RADEN SANTANG PRABU ANOM; NU MULANG TI TANAH ARAB JEUNG SEJA DEUK NAKLUKEUN PRABU SEPUH; SILIWANGI PAJAJARAN…!!! PRABU ANOM MEMANG MULANG; DATANG DEUI KA PAJAJARAN, BUKTINA: DINA PERANG DI KIPATAUNAN; HYANG SANTANG MEMANG DATANG; TAPI PIEUN PERANG BEBELA KA RAJA; PARABU ANOM NU SAESTU NGARANNA “ H Y A N G S A N T A N G A R I A C A K R A B U A N A ” TUH INYANA…! ANU HANTEU JAUH TI AMANA…! KEUR NGALULUGUAN BALAD PAJAJARAN; NU MANANDEUH KA SAHA OGE. PRABU ANOM JIJIEUNAN; NGARANNA JAYA ANTEA…! ANU NGAREP-NGAREP; NYELAP DINA SELA 40 BIDADARI…! JAYA ANTEA…! SALIKUR TAUN SEREN TAUN GEUS KALIWAT. NAJAN DIA GEUS BURAYUT KU KASENANGAN; TAPI KAULA TENGET KENEH; DINA SORA DIA NU RADA SERAK… SAKALI DEUI DANGKA KA RAJA; KAULA TETEP TEU PERCAYA KA DIA…! KAULA LAIN SIEUN KU PAEH; TAPI KAULA SANGEUK; NGALAYANAN JELEMA CARA DIA!” Ceuk Jaya Antea: “Rakean… kaula datang lain eudeuk nangtang perang…! tapi ngajak dia hirup dina jaman anyar ambeh dimana jaga, anggeus paeh hirup deui, ngeunah-ngeunah dipirig bidadari nu gareulis…!” Ceuk Rakean: ” KAULA HANTEU BUTUH KU BIDADARI…!!! MONTONG TEUING ENGKE DIPAEH MUDU MARABAN BIKANG OPAT PULUH; AYEUNA OGE DI EUKEUR HIRUP PIEUN KAULA SORANGAN OGE GEUS SAKITU SUSAH PAYAHNA…..!!!”

2 comments:

Unknown said...

lamun enya urang diselapan pangbibita ku 0pat puluh widadari, kamana jeung kumaha status atw posisi pamajikan urang? ku opat puluh jajaka???? heu....hn*R3M

Unknown said...

Hatur nuhun..pikeun nambih luang

Post a Comment