Sunday, September 6, 2009

Isi Prasasti Astana Gede (Kawali, Ciamis)



nihan tapa kawali nu sang hyang mulia
tapa bhagya parebu raja wastu
mangadeg di kuta kawali nu mahayuna kadatuan
sura wisesa nu marigisakuliling dayeh.
Nu najur sakala desa aja manu panderi pakena
gawe ring hayu paken hebel jaya dina buana

hayua diponah-ponah
hayua dicawuh-cawuh
inya neker inya angger
inya ninycak inya rempag

Isi Prasasti Batutulis (Bogor)

Wangna pun ini sakakala, prebu ratu purane pun,
diwastu diya wingaran prebu guru dewataprana
di wastu diya wingaran sri baduga maharaja ratu hajj di pakwan pajajaran seri sang ratu dewata pun ya nu nyusuk na pakwan
diva anak rahyang dewa niskala sa(ng) sida mokta dimguna tiga i(n) cu rahyang niskala-niskala wastu ka(n) cana sa(ng) sida mokta ka nusalarang
ya siya ni nyiyan sakakala gugunungan ngabalay nyiyan samida, nyiyanl sa(ng)h yang talaga rena mahawijaya, ya siya, o o i saka, panca pandawa e(m) ban bumi

(Dari: Blog Ki Balantrang)

4 comments:

Richadiana Kartakusuma said...

Naha geuning Prasasti KAWALI teh mung saSIKI? apan aya 6 sadayana, kaleresan Prsasati ieu teh abdi anu nerbitkeun mung terbitan nu kalebet COROBORATION (=melengkapi dan memperkuat karangan yang telah ada dari para pendahulu; kaleresan para pendahulu teh guru2 abdi nyaeta Dirman Surachmat mangrupi Skripsi S1 1968; oge ayatrohaedi tahunna hilap) nu abdi diterbitkeun dina KIBS (=Kongres Internasional Budaya Sunda)
oge aya di MY NOTES abdi di FB ngan teu aya fotona cobi tingal sadayana..

Nguningakeun nya yen Prasasti Kawali anu aya dina Blog ieu teh Prasasati kawali I, anu pentingna eta dina padaginganana, dina cangkeng prasasti Kawali I teh anu seratan nana 4 kalimat anu aya didieu; mung ku abdi mah dibacana kieu

HAYWA DIPONAH-PONAH
HAYWA DICAWUH-CAWUH
BHAGA NEKER (atau 'NEGER') BHAGA ANGGER
BHAGA NINCAK BHAGA REMPAG

bacaan INYA mah kenging J.Noorduyn
ari abdi mah nyebatkeun bhaga teh margi kauni tina falsafah eusi KAWALI mangrupi AJARAN SUNDA ANU LUHUNG

cag heula, nya
AMBU

nb.
sok teraskeun adang! kempelkeun warisan KARUHUN SUNDA, teu kdah hariwang ... teu kdah sieun lpat aya abdi keh dilengkepan ku abdi

Kisunda said...

nuhun ambu, nyeta ku teu apal tea.

dbig herly said...

mun tiasamah langkung jelas kana carita kawali teh ki.............

kisunda ngalalana said...

mangga ke dilengkeupan deuim nuhun

Post a Comment